Koléra nyaéta panyakit anu nyababkeun rusakna sistem pencernaan satuluyna matak diaré jeung déhidrasi parna.
Sacara umum, koléra téh asalna tina cai anu nyangkaruk baktéri Vibrio cholerae. Di sababaraha tempat, khususna nagara nu loba pendudukna ieu baktéri téh bisa kapanggih dina cai nginum anu kacampuran baktéri atawa tina kadaharan laut anu masakna teu nepi ka asak sampurna. Nyatana, loba jalma anu kakeunaan baktéri koléra téh henteu langsung gering. Malah bisa jadi teu ngarasa kakeunaan, sabab henteu karasa gejala husus. Baktéri Vibrio cholerae bakal matuh dina awak jalma anu kakeunaan salila 7 nepi ka 14 poé. Sanajan teu karasa aya gejala, anu kakeunaan masih bisa népakeun ieu panyakit ka batur ngaliwatan kokotor anu geus kakontaminasi. Dina ayana gejala, biasana bakal muncul antara 24 nepi ka 48 jam sanggeus kakeunaan baktéri.
Vaksin koléra 85% éféktif salila genep bulan mimiti jeung 50-60% éféktif salila sataun mimiti. Éféktivitasna ngurangan 50% sanggeus waktu dua tahun. Waktu populasi geus divaksinasi dina jumlah anu loba, kauntungan tina imunitas kelompok dicangking ogé ku jalma anu teu miboga imun tina vaksin. Anu dibikeun téh nyaéta dua atawa tilu dosis vaksin wungkul. Wanda vaksin geus aya di unggal wilayah ngan jumlahna tangtu kawatesanan. ua wanda vaksin oral sacara umum mah aman. Sanggeus divaksin biasana karasa nyeri beuteung atawa diaré. Vaksin koléra aman keur ibu hamil jeung jalma anu miboga imunitas handap. Ieu vaksin geus miboga lisénsi atawa izin keur dipaké di 60 nagara.
Koléra nyaéta panyakit anu nyababkeun rusakna sistem pencernaan satuluyna matak diaré jeung déhidrasi parna.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Koléra, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.