Emih Kocok

Emih kocok atawa mie kocok nyaéta salah sahiji kadaharan Indonésia nu asalna ti Bandung, Jawa Kulon.

Mie kocok mangrupa kadaharan sajenis baso, nu ngabédakeunna mah bahan palengkepna nu maké kulit sapi. Numutkeun buku wisata jajan Bandung, diaranan mie kocok téh ku sabab cara nyieunna nu ngabuskeun jeung ngocok mie jeung togé ka jero cai panas. Mie kocok téh bisa kapanggih di mana waé, lolobana mah maké gorobag surung. Kiwari mah nu dagang mie kocok téh geus sumebar ka sababaraha daérah di Indonésia.

Emih Kocok
Mie kocok Bandung

Cara nyieun

Mie kocok miboga bahan dasar tina mie gepéng, mie jenis ieu loba di pasar atawa di supermarket. Sanajan kitu, lolobana mah sok nyarieun mie na sorangan tibatan meuli mah, ku sabab mie nu dijieun sorangan biasana miboga rasa nu has tibatan meunang meuli mah. Salian ti mie gepéng, mie kocok gé maké rupa-rupa bahan, kayaning togé, sosin, baso, kulit sapi, bawang goréng. Pikeun nyieun mie kocok téh mimitina mah taheurkeun heula cai nepi ka ngagolak, abuskeun baso jeung kulit sapi nepi ka asak, tuluy anclumkeun mie gepéng, togé jeung sosin kira-kira 2 menitan, tuluy jait. Siapkeun bungbu séjénna dimangkok, geus kitu mah mie jeung togé kari dipidangkeun dimangkok, maké palengkep baso, kulit sapi,bawang goréng, salédri, jeung tong poho maké peresan jeruk mipis jeung sambel.

Rujukan

Emih Kocok 

Tags:

BandungBasoIndonésiaJawa KulonTogé

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BismillahGambasAl-IkhlasTahu SumedangKaso beuritCut Nyak DhienKartiniDaptar istilah pakarang satoKeuyeupPaltotSalésmaNangkaSitus Gunung PadangAlamBasisirRarangkén pi--eunKazakstanDaya Mahasiswa Sunda (DAMAS)Républik VénésiaRampak SekarTingkebanAl LailCangkaléngBangkong korodokGoongAs-SajdahMérkuriusSajarah SundaTénjo, BogorBagus RanginSisindiranBugis (kadaharan)WaktuBhinneka Tunggal IkaLalabAja VolkmanWirangrongLogikaParanjéAli agremDramaAkarSéroAsparaginAnies BaswédanMang KokoKompas TVJohnny DeppTaneuhSaint Héléna, Ascension, jeung Tristan da CunhaRarangkén di-TerjemahanAreuy kidangSMKS Ar Rahmah CianjurKabupatén TulungagungKalawarta (program tipi)LambakFotografiPamayangCaiPendopoMitosSaungAmalCandi CangkuangAbdullah MustappaDrumAksara Sunda BakuTélékomunikasiRaffi AhmadRahmatullah Ading AffandieYouTubeAbdul Halim SyatariMociGedong Merdéka🡆 More