Aksara Sunda Baku

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda.

Alfabét Latin
     

Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda kuna nu kungsi dipaké sahenteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.

Aksara Sunda Baku
ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥ
Aksara Sunda Baku
Jenis aksara
Abugida
BasaSunda
Periode
sakitar abad ka-17 nika ayeuna
Silsilah
Abjad Proto-Sinaitik
Aksara dulur
Bali
Batak
Baybayin
Buhid
Hanunó'o
Lontara
Sunda Kuna
Réncong
Rejang
Tagbanwa
ISO 15924Sund, 362
Arah panulisanCitakan:ISO 15924 direction
ngaran Unicode
Citakan:ISO 15924 alias
Jarak Unicode
U+1B80–U+1BBF
Topik basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit
Aksara Sunda Baku
Aksara Sunda pikeun nuliskeun ngaran bangunan di salah sahiji paguron luhur di Bandung.

Sajarah

Dumasar kana catetan sajarah, aksara Sunda geus di paké ti abad ka-14. Buktina kudipakéna aksara Sunda dina Prasasti Kawali (prasasti Astana Gede) jeung Prasasti Kabantenan. Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana:

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéun sapopoé.

Komputerisasi

Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF.

Salian ti éta, dina taun 2008 geus medal Aksara Sunda Unicode meunang nyampurnakeun tina Unicode 2008 anu disusun ku Dian Tresna Nugraha jeung Kusnet (2005). Unicode téh proses digitalisasi anu bisa mantuan ka pamaké ngetik aksara Sunda dina komputer, sanajan can bisa maca naskah aksara Sunda sacara otomatis.

Susunan Aksara Sunda

Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, di antarana:

  • Aksara Ngalagena
  • Aksara Swara
  • Rarangkén
  • Angka

Aksara Swara

Aksara Sunda Baku 
Répréséntasi grafis
= a = é = i = o
= u = e = eu = reu = leu

Aksara Ngalagena

Aksara Sunda Baku 
Répréséntasi grafis
= ka = ga = nga = ca = ja = nya
= ta = da = na = pa = ba = ma
= ya = ra = la = wa = sa = ha
= fa = qa = va = xa = za
= kha = sya

Rarangkén

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:

  • Rarangkén Luhur = 5 rupa
  • Rarangkén Handap = 3 rupa
  • Rarangkén Sajajar = 5 rupa

A. Rarangkén Luhur

Aksara Sunda Baku  Panghulu, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [i].

Conto: = ka → ᮊᮤ = ki.

Aksara Sunda Baku  Pamepet, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ə].

Conto: = ka → ᮊᮨ = ke.

Aksara Sunda Baku  Paneuleung, ngarobah vokal aksara Ngalagena tina [a] jadi [ɤ].

Conto: = ka → ᮊᮩ = keu.

Aksara Sunda Baku  Panglayar, nambahan konsonan [r] dina tungtung engang.

Conto: = ka → ᮊᮁ = kar.

Aksara Sunda Baku  Panyecek, nambahan konsonan [ŋ] dina tungtung engang.

Conto: = ka → ᮊᮀ = kang.

B. Rarangkén Handap

Aksara Sunda Baku  Panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [u].

Conto: = ka → ᮊᮥ = ku.

Aksara Sunda Baku  Panyakra, nyalusupkeun sora [r] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto: = ka → ᮊᮢ = kra.

Aksara Sunda Baku  Panyiku, nyalusupkeun sora [l] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto: = ka → ᮊᮣ = kla.

᮰ᮬ Pamintel, nyalusupkeun sora [m] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto : = ka → ᮊᮬ = kma.

᮰ᮭ Papasangan, nyalusupkeun sora [w] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto : = ka → ᮊᮭ = kwa.

C. Rarangkén Sajajar

Aksara Sunda Baku  Panéléng, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [ɛ].

Conto: = ka → ᮊᮦ = ké.

Aksara Sunda Baku  Panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena [a] jadi [ɔ].

Conto: = ka → ᮊᮧ = ko.

Aksara Sunda Baku  Pamingkal, nyalusupkeun sora [j] kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku rarangkén séjénna.

Conto: = ka → ᮊᮡ = kya.

Aksara Sunda Baku  Pangwisad, nambahan sora [h] kana sora asalna.

Conto: = ka → ᮊᮂ = kah.

Aksara Sunda Baku  Patén atawa Pamaéh, ngaleungitkeun sora [a] dina aksara Ngalagena.

Conto: = ka → ᮊ᮪ = k.

Angka

Aksara Sunda Baku 
Répréséntasi grafis
= 1 = 2 = 3 = 4 = 5
= 6 = 7 = 8 = 9 = 0

Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.
Conto: |᮲᮰᮲᮲| = 2022

Conto Dipakéna Aksara Sunda

Aksara Sunda Baku 

Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok lulumpatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jang lancah.

Référénsi

Tumbu luar

Aksara Sunda Baku 

Tags:

Aksara Sunda Baku SajarahAksara Sunda Baku KomputerisasiAksara Sunda Baku Susunan Aksara SundaAksara Sunda Baku Conto Dipakéna Aksara SundaAksara Sunda Baku RéférénsiAksara Sunda Baku Tumbu luarAksara Sunda BakuAbad ka-14Abad ka-18Aksara Sunda kunaOrtografi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SMKN 17 JakartaJerukUniversitas Pendidikan IndonesiaSimpeureunPakeman basaSelat HormuzTahu SumedangAl BaqorohStasion KutoarjoPakistanCut Nyak DhienKonéng hideungBabadRamat lancahWawangsalanRékayasa softwareKaréta api GajayanaKiraiYudistiraCristiano RonaldoLohorBasa ItaliaCross tabKecap rajékan (basa Sunda)KawihInternétKamarangMuwaqqitKanyéréKim KardashianKabayaSupernovaJamaikaYongki KomaladiSisindiranRakitan lantipSusuJérmanBaduyKecap rundayan (basa Sunda)BobonténganUTC+4ÉnsiklopédiLiang HeunceutBintinuSalmonHileudOmanKampung KutaSMKN 35 JakartaTutuwuhanWikipédiaEngangSMKN 53 JakartaSatoUni ÉropaTaratasMichael JordanPabuaran, SukabumiSapfoJarakKomikParibasaPearson product-moment correlation coefficientKristenPanyakit AlzheimerUrang MinangLambatee, Darul Kamal, Aceh BesarGamelanBéklenSapi🡆 More