Moci

Moci nyaéta kuéh anu dijieun tina tipung ketan dipurulukan aci hui, ari di jerona aya eusian nyaéta kacang taneuh nu lemes.

Bentukna buleud sarta geunyal nalika digégélna téh, dibungkus ku karanyang kotak leutik dijieun tina anyaman awi. Émang ieu ngaran moci téh kawas ngaran Jepang meureun waé da ieu téh asalna ti ditu. Ari moci dipikawanoh ogé di sawatara nagara sabudeureun Jepang, kawas Taiwan, Korea Selatan, jeung Cina. Asupna ka Indonésia ogé bisa jadi lantaran asupna budaya Cina ka Indonésia. Aya dua wewengkon anu kasohor ku kuéh moci salaku kadaharan hasna, nyaéta Semarang jeung Sukabumi.

Moci Jepang

Moci téh salah sahiji kadaharan leutik asal Jepang anu kawentar di tiap nagara, rasa unik, lembut jeung mun kalilaan mah sok jadi cepel. Ari di Jepang moci biasana dijieun sarta didahar dina parayaan tradisional mocitsuki atawa bisa disebut ku parayaan taun anyar Jepang. Kuéh ieu ogé dijual jeung kapanggih di toko-toko kuéh sapanjang taun, jadi kuéh ieu teu ngan kasadia dina parayaan taun anyar Jepang hungkul.

Sajarah Moci Jepang

Kuéh moci mibanda sajarah ngeunaan ngaranna sarta alesan naha jadi tradisi di Jepang tiap taun anyar. Ngaran moci ieu asalna tina babaraha kecap, salah sasahijina nyaéta kecap gawé Motsu nu hartina ajang naheun atawa miboga, anu maksudna yén moci mangrupa paméréan ti para déwa. Aya ogé ‘mocizuki’ nu hartina bulan purnama sarta Muchimi nu hartina cepel. Sajarah ngeunaan tradisi moci ieu mimitina mah ti zaman baheula, moci sok didahar ku para patani Jepang dina mangsa usum tiis ajang ningkatkeun stamina maranéhna. Lian ti para patani, moci ogé sok didahar ku para samurai. Kuéh ieu méré sumanget ka samurai lantaran gampang pisan disiapkeun jeung gampang dibabawa kamamana. Sora tutuan nalika nyieun moci ogé dikocapkeun para samurai rék maju ka médan perang. Ngan ku sabab para samurai jeung hal-hal lianna ti zaman baheula nu ayeua geus teu araya, mangka dicokot waktu nu pasna ajang ngadahar moci. Ti harita ditangtukeunna dina tanggal 1 Januari.

Moci Sukabumi

Ari di Sukabumi, ieu kuéh moci téh salaku kadaharan has wewengkon Sukabumi. Loba pisan moci nu sumebar di Indonésia, ngan pangkawentarna mah di antara moci-moci séjénna ngan ukur moci ti Sukabumi. Di Sukabumi maragpag pisan nu jualan moci téh, réréana dijual di sisi jalan ku tukang asong. Ngan ti sakitu lobana nu jualan moci téh, anu pangkawentarna mah moci produksi Moci Kaswari Lampion.

Moci Kaswari Lampion téh salaku pionir panyieun moci sarta mémang ieu moci ngeunah dibanding jeung nu lianna, tékstusna lemes sarta emoy. Sanajan hargana kawilang leuwih mahal ti nu lian. Moci lampion teu muka cabang di tempat séjén jeung ngan ukur bisa dimeunangkeun kalawan ngadatangan tempatna langsung. Saking kawentarna ieu Moci Lampion, loba artis sarta média nasional nu geus aranjog ka tempat ieu. Rasana rupa-rupa aya rasa: suji, pandan, vanila, durén, cau ambon, blueberry, mélon, moka, coklat, kéju, jeung strobéri. Kabéhanana eusina kacang taneuh nu amis, ari nu ngabédakeunna mah rasa dina kulitn dagingna. Dibungkus kana kotak eusi sapuluh siki moci, jeung ditalian dina unggal lima kotak. Ngan hanjakal moci ieu teu kuat dililakeun. Alusna mah diérépkeun mangsa opat poéeun mah. Malah mun rasa durén jeung kéju mah kur kuatna dua poéeun. Bisa waé diasupkeun kana kkulkas, ngan emoyna bakal leungit jadi leungit ciri hasna kadaharan ieu téh. Ieu Moci Kaswari Lampion téh geus lumangsung ti taun 1983.

Rujukan

Tags:

Moci JepangMoci SukabumiMoci RujukanMociAci huiAwiBudayaCinaIndonésiaJepangKetanKorea SelatanSemarangSukabumiTaiwanTipung

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Mark ZuckerbergNgadu kaléciSpam (éléktronik)Dinasti SafawiyahBosnia jeung HérzégovinaBelukDongéngCipongkor, Bandung KulonSajak SundaSéroBacharuddin Jusuf Habibie1500-an2023Betok19 MaretAbad ka-17Wali songoLaporanRajahKarét (tuwuhan)PurwakantiDinosaurusMoskwaCarita PantunOray-OrayanRépublik DominikaAdikaryaKawih kaulinanBioskopHirisSerat KanayaganCacandranAngklungArecaceaeOpat kalima pancerPerserikatan Bangsa-BangsaTéstisUnileverKotaGunungrejo, Way Ratai, PesawaranMineralMantraWorld Trade OrganizationArkéologiMaudy AyundaBayongbongJayasingawarmanKaulinan budak SundaGedoganRékayasaBasa WalandaTitimplikPamayangKélorASSeserahanRarangkén sang-Demam berdarahSirsakBasa ViétnamIU (penyanyi)Perang BubatBika ambonMartinik17 Juni2006BudayaMuhammadGosaliLaut Tengah🡆 More