Dra.
Hj. Popong Otje Djundjunan atawa biasa disebut Ceu Popong. Lahir di Bandung, 30 Désémber 1938. manéhna salah sahiji politikus Indonesia. Ceu Popong ogé mangrupa istri Wali Kota Bandung, Radén Otje Djundjunan (almarhum), nu mingpin Kota Bandung ti taun 1971 tepi ka taun 1976. Manéhna geus jadi anggota DPR RI ti 1987 anu asalna ti Partai Golkar. Basa taun 1987, Ceu Popong boga tugas bagéan peranan istri di Komisi VII. Ka hareupna, dina taun 1997 manéhna nyepeng bidang pendidikan di Komisi IX. Salami jadi anggota DPR RI, manéhna ngajabat tepi ka 5 periode, nyaéta taun 1999, 2009, tepi ka 2019. Tapi sabenerna mah manéhna ngalaman vakum atawa eureun heula lantaran kudu ngurus sababarahahiji urusan kawas kulawargi jeung organisasi nu séjén salian ti DPR RI.
Ceu Popong eureun heula tina DPR RI ti taun 1999 tepi ka taun 2009, nu hartina geus sapuluh taun. Geus asup deui kana dunya politik, Ceu Popong ngawakilan Dapil I, Jawa Barat. Asup ka Komisi X nu nguruskeun pendidikan, kebudayaan, olahraga, pariwisata, ekonomi kréatif. Ceu Popong ngabogaan tujuan sangkan DPR RI bisa ngarangkul rakyat. Ku kituna Ceu Popong asup Komisi X améh bisa nyieun undang-undang nagara nu berpihak ka rakyat. Kitu ogé undang-undang bidang pendidikan, kawas anggaran Bidik Misi nu tadina rék dileungitkeun jadi angger diayakeun. Salian ti éta, ceuk Ceu Popong, Komisi X boga tugas penting ngawas APBN pikeun tepat sasaran.
Jadi anggota tertua, Popong Otje Djundjunan mingpin samentara sidang DPR RI perode 2014-2019 jeung Ade Rezki Pratama nu mangrupa anggota pilihan ti Sumatra Barat, saacan mimpin lembaga luhur nagara éta pilihan sacara sah. Dina kajadian éta sidang ngaran Ceu Popong matak jadi sorotan media, sabab manéhna bari néangan palu sidang bari sorana asup kana mikropon. Ti saprak éta kajadian néangan palu sidangna viral, ngaran Ceu Popong jadi trending Twitter kahiji basa harita kénéh.
Sidang DPR periode 2014-2019 dimimitian ku pelantikan anggota nu diteruskeun ku panilih Ketua DPR. Asup kana agénda saha nu bakal jadi Ketua DPR éta nu matak jadi sorotan. Lantaran loba perdebatan ti mimiti iraha Ketua DPR definitif bakal dipilih. Dumasar kana keputusan Ketua DPR, Ceu Popong nu mutuskeun Ketua DPR dipilih poé éta oge. Teu lila, loba anggota DPR teu satuju tepi ka silih tunjuk ka Ceu Popong. Poé kahiji kabéh anggota DPR miboga tugas, loba ngaran anyar nu diajukeun jadi Ketua DPR. Hartina, unggal wakil ti partai riweuh ngajukeun ngaran sorangan-sorangan. Kajadian ieu sabenerna mah ngarujuk kana UU MD3 nu ngatur pingpinan DPR dipilihna métode pakét, lain dumasar kana suara panglobana basa Pileg. Aturan ti UU MD3 nu matak ribut kabeh partai di DPR antara Koalisi Merah Putih jeung Koalisi Indonesia Hebat.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Popong Otje Djundjunan, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.