Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna.
Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Séjén ti éta, dina istilah karawitan sarua jeung sekar irama merdika nyaéta, wirahma bébas nu kauger ku aturan nu tangtu tur mibanda watek nu ngagambarkeun masing-masing pupuh.
Pupuh téh kauger ku wangun jeung eusina. Dumasar wangunana, pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan. Ari patali eusina, pupuh kudu ngagambarkeun sipatna séwang-séwangan, naha patali jeung kabungah, kasedih, atawa heureuy. Rakitan/ugeran pupuh téh biasa dipaké dina karangan-karangan pondok (dangding, guguritan, jeung rumpaka sawér). Lian ti éta, aya ogé nu makée rakitan pupuh dina karangan panjang atawa naratif (wawacan). Maca wacana puisi dina wangun pupuh téh biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun.
Pupuh aya tujuh welas rupa anu dijéntrékeun ieu di handap.
Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Pupuh, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.