Jangjawokan téh nyaéta mantra anu dipapatkeun upama arék ngamimitian hiji pagawéan, pikeun ménta kasalametan, hasil pamaksudan, jeung sajabana.
Jangjawokan paranti diminyak
Minyak aing minyak watu
Dipidu di sihung maung
Diocék di panonpoé
Sekartaji suru gajah
Nya gajah tunggal
Katawu wus kabeubeur wus
Kabeungkeut atina Si Anu
Atawa atina wong sajagat kabéh
Jangjawokan paranti lintar atawa nguseup
Aki Rékrék Turaya
Aing nya pangkonan sia
Bayu mas nu lénggang patih
Bayu emas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng
Ku sangkilat ku moncorong
Ratna putih sang ibuh putih
Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demi jati.
Jangjawokan paranti nguseup séjéna
Sernud-sernur kenur sanur
Eundeuk-eundeuk umbul-umbul
Séot gerenyeud banyu obyég
Duldel pamecatan ti ratu siul
Kocopok-kocopok géhgér giriwil
Ahsirhung-ya akung ratu jelér
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Jangjawokan, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.