Paparikan

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran.

Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jeung kep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:

    Boboko ragrag di imah,
    Ninggang kana pileuiteun
    Mun bogoh montong ka sémah
    Ari anggang sok leungiteun.

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.

Jenis paparikan dumasar eusi

Upama nilik kana eusina, paparikan dipasing-pasing jadi:

  • Paparikan silihasih
  • Paparikan piwuruk jeung
  • Paparikan sésébréd.

Paparikan Silih Asih

Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:

    Meuncit meri dina rakit,
    boboko wadah bakatul.
    Lain nyeri ku panyakit,
    kabogoh direbut batur.

Paparikan Piwuruk

Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona:

    Ka kulah nyiar kapiting,
    ngocok endog bobodasna.
    Ulah sok liar ti peuting,
    osok loba gogodana.

Paparikan Sésébréd

Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik). Contona:

    Daun hiris dibeungkeutan,
    dibawa ka juru leuit.
    Anu geulis ngadeukeutan,
    hayangeun dibéré duit.
    Sapanjang jalan Cirebon,
    jalan butut diaspalan.
    Sapanjang dijajah Nipon,
    baju butut tatambalan.

Tempo ogé

  1. Sisindiran
  2. Wawangsalan

Tumbu kaluar

Rujukan

Paparikan 



Tags:

Paparikan Jenis paparikan dumasar eusiPaparikan Tempo ogéPaparikan Tumbu kaluarPaparikan RujukanPaparikanPadalisanSisindiranSora

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Cianjur, CianjurDiponegoroAli agremR.E. MartadinataRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto MangunkusumoIsmail MarzukiCaah déngdéngHumaKawihRonald ReaganPeupeundeuyanSyifa HadjuUkar BratakusumahPanata acaraKecap AsalOto Iskandar di NataBasa JawaInumanPakakas Tatanén TradisionalGolodogRebabRarangkén N-.szGaya basa (Sunda)KomunikasiSuku (biologi)ISO 3166-1SalasaAngklungGuguritanGamelan DegungKecap bilangan (basa Sunda)WancahanFrasaRarangkén -um-.amCingcau1735Kasenian SundaBalakbakKadalonWawancaraDaptar kode telepon di IndonésiaJamaikaKomengLancah maungSendalDongéngMumulukCalungSangrayPupukKonéng gedéDulangTéhnologiPandawaNyi Ageng SérangCakungNyi Pohaci Sanghyang AsriTambagaParibasaGamelanLisénsi Dokumén Bébas GNUKila-kilaSingaRarakitan🡆 More