Rarangkén N-

Rarangkén N- atawa nasal mangrupa salah sahiji rarangkén hareup (en:afix) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda.

Topik Kecap Rundayan dina Basa Sunda

Rarangkén hareup:
N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang- per-
Rarangkén tengah:
-ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang:
-an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung:
ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,

Kotak ieu: temposawalaédit

Salian ngawangun rupa-rupa wangun jeung harti, rarangkén N- ngalaman parobahan sora (alomorf) gumantung kana hurup awal kecap nu di hareupeunana.[rujukan?]

Rarangkén N-: parobahan sora (en:alomorf)
Robah jadi Nyanghareupan ... Conto:
m- b2), p N- + baca --> maca

N- + pacul --> macul

n- t N- + takol --> nakol
ng- k, a, w1) N- + kaca --> ngaca

N- + ais --> ngais
N- + wétan --> ngétan1)

nga- b, d, g, h, j, l, m, n, w, y N- + balik --> ngabalik

N- + degung --> ngadegung
N- + wuluku --> ngawuluku

ny- c, s N- + cutat --> nyutat

N- + sapu --> nyapu

nge- konsonan saengang N- + tik --> ngetik

N- + bor --> ngebor

1) Ieu mangrupa sempalan, teu salawasna N- + w... --> ng..., lolobana robahna jadi ngaw...
2) Ieu mangrupa sempalan, teu salawasna N- + b... --> m..., lolobana robahna jadi ngab...

Rarangkén N-: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap Harti Conto
pagawéan aktif "ngedalkeun ..." ngadu'a, ngadongéng, nyarita, nyora
pagawéan aktif "ngalakukeun ..." maca, nginum, ngigel, ngaji, masak
pagawéan aktif "ngalakukeun pagawéan ku/maké ..." ngawuluku, nyugu, ngecrik, ngarit, ngabuldoser
pagawéan aktif "ngalakukeun di ..." masantrén, masar, ngaranca ngebon, nyawah, ngahuma
pagawéan aktif "boga ..." ngarasa
pagawéan aktif "milampah saperti ..." ngabdi, ngawula, ngajag
pagawéan aktif "méré ..." meunteun, ngahampura, ngahormat, ngama'lum
pagawéan aktif "nyieun ..." ngagambar, nyayur, nyambel, ngabordél, nyulam
pagawéan aktif "ngalakukeun dina waktu ..." ngalayung, nyubuh, moyan, meuting
pagawéan aktif "nyieun jadi ...." ngaruksak, meulah, ngalebur
pagawéan aktif "nganggap ..." ngahina, ngahampas, nyatru
pagawéan aktif "aya dina kaayaan ..." ngagolér, ngadayagdag, ngabaheuhay, ngedéng
pagawéan aktif "dahar/nginum ..." ngabaso, nyirop, nyoto, ngopi, ngemih
pagawéan aktif "nyanghareup/ngajugjug ka ..." ngiblat, ngalér, ngidul, ngétan, ngulon
pagawéan aktif "ngaluarkeun sora ..." ngagogog, ngagaur, ngahiem, ngabérélé, ngahahah, ngorosak
sipat "kaayaan saperti ..." ngolécér, nyagak, mayung, nanjeur
sipat "boga sipat ..." nyeni, nyentrik, ngedul, ngota

Tags:

Basa SundaKecap Rundayan (Basa Sunda)Wikipedia:Cutat rujukan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kampung Adat Sirna ResmiAbubakar JayadiningratSarung leungeun5 NopémberInggrisPeuyeumSurabiWawacanCarita pantunMang KokoBébénténganKecap AsalSiti Hardijanti RukmanaPurwakantiSisingaanBasa PolandiaNyeri huntuAparteménManukKartiniFotoSeni PintonanAlkésahCau ambonDaptar tempat di One PieceIqroCalingcingMuhammadBajidoranRahmat M. Sas. Karana.coDurmaDodolCacandranKembang GoyangWortelTatang SumarsonoKaranganSuku (biologi)JukutPamayangRarangkén -anNgadu kaléciWiki CommonsJajangkunganBungurJunichiro KoizumiDaptar istilah sora satoCarita pondokGoogleTarumanagaraNgaran urang SundaEmpét-empétanSosiologiProsaPuisi sundaMaén balMobilSawalaDemam berdarahKumeli jawaAmérika Sarikat.yuAksara GedéLeuwiPadalisanPuyuhIbing Kusmayatna.baBasa InggrisLoték🡆 More