Rakhmat Mulyono Sastrasenjaya Karana (gumelar di Cijulang, Ciamis, 8 Désémber 1942) mangrupa salah sahiji panyair jeung pamedal buku-buku Sunda.
Anjeuna kungsi nyuprih élmu di SGB nu satuluyna ka SGPD, mung leuwih muserkeun kana kasusasteraan jeung kasenian. Nalika anjeuna jadi siswa SGPD, anjeuna geus ngamimitian nulis jeung aktif dina organisasi Kujang Putra. Sajak-sajakna nu kungsi dimuat dina majalah Kalawarta Kudjang, Langensari, Manglé, Mingguan Sunda, jeung sajabana. Kungsi gawé di rédaksi Kalawarta Kudjang, Langensari, jeung Mingguan Sunda, ogé kungsi jadi sekretaris rédaksi majalah Budaya Jaya jeung mingpin rédaksi mingguan Fusi. Nalika pamedal Dunia Pustaka Jayamuka cabang di Bandung, anjeuna diangkat jadi kepala perwakilan. Tuluy anjeuna ngadegkeun pamedal, ti mimiti Mitra Kencana, tuluy Rahmat Cijulang anu husus medalkeun buku basa Sunda. Anjeuna ogé kungsi jadi sekretaris anu satuluyna jadi ketua di PPSS. Karya-karya anjeuna salain sajak anu maké basa Sunda, ogé aya sajak anu maké Indonésia. Kumpulan sajak anu geus dipedalkeun nyaéta Ombak Laut Kidul , Tepung Di Bandung, jeung Surat Panjang Ti Cijulang. Ku sabab karyana anu kawéntar, anjeuna meunang hadiah sastera Piagem Moh. Ambri (1967) ti PPSS keur bukuna nyaéta Ombak Laut Kidul. Ngaran samarana nyaéta Nandang K. Sum.. Salain nyieun sajak jeung buku basa Sunda, anjeuna ogé kungsi ngajieun carita pondok anu judulna Abunawas Saémbara.
Rahmat M. Sas. Karana | |
---|---|
Gumelar | Rakhmat Mulyono Sastrasenjaya Karana 8 Désémber 1942 Ciamis, Jawa Kulon, Hindia-Walanda |
Pagawéan | Panyair, pangarang |
Anugrah | Piagem Moh. Ambri (1967) |
Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Rahmat M. Sas. Karana, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.