Basa Sunda (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nyaéta basa nu dipaké ku kurang leuwih 41 juta jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6 persén ti populasi Indonésia.
Alfabét Latin |
Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
Basa Sunda | ||
---|---|---|
ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ | ||
Palapalan | [basa sʊnda] | |
Dipaké di | Indonésia | |
Wewengkon | Jawa Kulon, Banten, Jakarta, sabagéan Jawa Tengah (Indonésia) | |
Jumlah panyatur | 42 yuta (2016) | |
Rungkun basa | Austronésia
| |
Aksara | Alfabét Latin (kiwari) Aksara Sunda Baku (ti sakitar abad ka-17 nika kiwari; pilihan) Aksara Sunda Kuna (abad ka 14 nepi abad ka-18, pilihan) Cacarakan (abad ka-17 nepi abad ka-19 dina sababaraha wewengkon) Aksara Pégon (abad ka-17 nepi abad ka-20; pikeun kaperyogian ageman, pilihan) | |
Status resmi | ||
Basa resmi di | Jawa Kulon Banten | |
Diatur ku | Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda | |
Kode-kode basa | ||
ISO 639-1 | su | |
ISO 639-2 | sun | |
Ethnologue édisi ka-14: | SUN | |
ISO 639-3 | sun |
Parahiangan téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti Gupernur Jawa Kulon.
Basa Sunda mangrupa basa indung urang Sunda, boh anu dumuk di Jawa Kulon, boh di saluareunana nu aya teureuh Jawa Kulon. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sanggeus basa Jawa.
Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, Kalungguhan basa Sunda téh jadi basa pribumi.
Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih luhung kalungguhanana tibatan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di Jawa Kulon téh nyaéta "Basa Sunda Bandung". Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola, nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku.
Istilah basa lulugu (baku) téh kuduna mah dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (teu baku). Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawanan tina basa Sunda lulugu. Ari basa wewengkon lumakuna ukur di wilayah-wilayah nu tangtu wungkul, kadang ku urang Bandung mah kurang ngarti lamun urang saluareun Bandung komunikasi ngagunakeun basa wewengkon. Dina basa wewengkon téh nu khasna lain ukur diksina wungkul, tapi lentong atawa lagu kalimahna ogé kadang béda-béda ungga wewengkonna. Contona kieu.
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan kana basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa. Basa Sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kuna saperti Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jeung Guru Talapakan.
Dina ieu mangsa, tatar Sunda kacicingan ku Mataram. Nu kapangaruhan panggedéna dina widang pamaréntahan, basa, jeung kasusastraan. Dina ieu abad, mimiti aya konsép undak-usuk basa nu sarua jeung unggah-ungguh boso (Jawa). Lian ti éta, basa Sunda loba dimekarkeun dina widang kasusastraan, utamana wangun puisi (pupuh). Malah kasusastraan harita (pupuh) dianggap pangagungna ku sabab dipaké ku para ménak jeung cendikiawan alam harita.
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaseselan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonésia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonésia).
Unggal basa diwujudkeun ku sora. Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora sok dijadikeun dasar ulikan tulisan atawa tata aksara. Sora nu diulik téh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu sok disebut sora basa (fon). Sora basa aya nu béda kadéngéna, aya anu mirip. Sora basa anu kadéngé béda atawa mirip tur bisa ngabédakeun harti kecap disebut foném. Foném so ditulis di antara dua gurat condong /.../. Upamana baé, sora /a/, /i/, /u/, /o/, jeung /e/ dina basa Sunda mangrupa foném lantaran opatanana bisa ngabédakeun harti kecap. Geura tengetan contona dina pasangan minimal ieu di handap.
/batak/
/batik/
/batuk/
/batok/
/batek/
Foném dina basa Sunda bisa mibanda rupa-rupa ucapan luyu jeung tempatna dina engang atawa kecap, ilaharna teu ngabédakeun harti. Variasi ucapan foném anu teu ngadédakeun harti disebutna alofon, sarta sok ditulis di antara dua kurung siku [...]. Upamana baé, sora /o/ dina kecap boboko jeung dina kecap noong aya bédana. Sora /o/ anu kahiji mah gembleng [o]; ari anu kadua mah teu gembleng, semu ngirung [ɔ].
Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, di antarana:
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2014 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, di antarana:
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Basa Sunda, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.