ninun
Babasan nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa, atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.
Paribasa hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku jeung saterusana. Upama dina ungkara :
Paribasa dibagi jadi tilu, nyaéta pangjurung laku hadé, panyaram lampah salah, jeung wawaran luang.Salmun nétélakeun yén papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, basa Indonésia, basa Arab, basa Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung ngaran laku lampah, saperti paribasa patali jeung tani, patalina jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangaweruh, jeung kapercayaan). Jadi boh babasan boh paribasa sarua pakeman basa nu umumna dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina ogé jadi robah. Bédana babasan jeung paribasa téh nyaéta babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Babasan jeung paribasa, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.