Novel nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba babagianana.
Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna (fakta). Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui disaluyukeun jeung pangabutuh carita sangkan leuwih pikaresepeun.
Novel téh prosa rékaan (fiksi) nu naratif (wujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-ma kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar jeung laluasa ngahirupkeun karakter palakuna. Dina Eropa mah umumna ngagunakeun istilah roman, nu asal muasalna tina kecap romance (puisi panjang atawa prosa anu ngolah lalakon asmara atawa ngalalana). Tapi, basa Inggris mah milih istilah nu asalna ti basa Italia nyaéta novella, hartina carita nu pondok dina wangun prosa. Dina abad ka-14 di Italia ceuyah sarta populér ku rupa-rupa roman, boh anu pinunjul boh anu picisan. Lila-lila ngagésér, istilah novella (dina basa Jerman mah novella) mindeng digunakeun saharti jeung novelét (novellete), prosa fiksi nu teu pati panjang. Dina sastra Sunda kungsi dibédakeun wangenan ngeunaan istilah novel jeung roman téh, padahal saenyana mah sarua. Ku kituna, dina kamekaran kiwari, leuwih hadé ngagunakeun éta dua istilah téh dina harti atawa wangenan anu sarua nyaéta novel atawa roman. Dina ulikanana, papasingan novel téh dumasar kana umur (umpamana aya novel Sunda samemeh Perang), kana eusina (upamana aya novel sajarah), kana ukurana (upamana aya novelét), dumasar kana kualitasna (upamana aya novel populér) jeung réa-réa deui.
Unsur dina novél téh dijéntrékeun kieu.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Novel, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.