Wawangsalan: Kasundaan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku sindir jeung eusi.

Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.

Contona wawangsalan

    Belut sisit saba darat,
    Kapiraray siang wengi.
    (Maksudna: oray)
    Jukut jangkung pipir gunung,
    Haté abdi panas peurih.
    (Maksudna eurih)
    Teu beunang dihurang sawah
    Teu beunang dipikameumeut
    (Maksudna: Simeut)

Tempo ogé

  1. Sisindiran
  2. Paparikan

Tumbu kaluar

Rujukan

Tags:

Wawangsalan Contona wawangsalanWawangsalan Tempo ogéWawangsalan Tumbu kaluarWawangsalan RujukanWawangsalanCangkangKecap (basa Sunda)Sisindiran

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kalua6 NopémberCécép BurdansyahKembang GoyangNgawulukuSireumHateupCaiMijalmaRamatlokaParabelSMKS Telkom Bandung25 JanuariWikisourceRarangkén pang--keunPrasasti Dalung BojongRarangkén ting-Abdurrahman WahidCaah déngdéngAyip RosidiJackie ChanAbdul Halim SyatariSyarif AminGoogleSatoKawihRaffi AhmadTajugEuis KomariahMawarBajigurAlkésahGuguritanAmérika SarikatRarangkén pa--anDeungeun sanguCarita PantunKecap asalMuammar KhadafiPenolih, Kaligondang, PurbalinggaAngsanaSamagaha panonpoéBébénténganSurawungCut Nyak DhienTelevisiKolécérKumis ucingSiribNike ArdilaLeuweungKecap sulurYura YunitaIsmail MarzukiCucungukYouTube1964Boy-boyan1891Kampung adat CireundeuMuhammad SangiduLasminingratSinga🡆 More