Carita pantun téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi.
Cdd dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.
Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.
Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".
Juru pantun nyaéta tukang mantun atawa jalma anu biasa ngalalakonkeun carita pantun dina pagelaran ritual (ngaruat) anu disebut mantun. Umumna mah lalaki anu jadi juru pantun téh, can kungsi kacatur aya juru pantun awéwé. Juru pantun téh lain pagawéan poko sabab anu jaradi juru pantun téh umumna mah baroga pacabakan maneuh, sakurang-kurangna boga pagawéan séjén. Kitu deui, nurutkeun tradisi mah jadi juru pantun téh lain pagawéan sabab buruh atawa upah, tapi mangrupa kawajiban moral, kajurung ku niat nuluykeun amanat. Juru pantun réa anu teu ningali (lolong, tunanétra). Ieu hal téh bisa jadi réa pakuat-pakaitna, hususna jeung pasipatan midangkeun carita pantun anu merlukeun konséntrasi, lantaran (wacana) lalakon téh kudu diapalkeun, apal cangkem, ditalar. Padumukan juru pantun umumna mah di pasisian atawa pakampungan, kaliung ku alam kahirupan tatanén. Sawatara juru pantun guguruna téh ti bapana, akina, atawa barayana. Lalakon anu kapimilik ku juru pantun biasana mah henteu réa da kudu ditalar téa. Lian ti kudu apal kana lalakon, juru pantun téh kudu bisa nyoara, ngalagu, jeung bisa ngacapi sabab lalakon pantun téh dicaritakeunana lain digalantangkeun tapi dihaleuangkeun dipirig (diwirahmaan) ku sora kacapi. Kitu deui, juru pantun téh kudu apal kana tata cara prak-prakan mantun sabab mantun téh kaasup kana pagelaran ritual.
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti mimiti kacapi kuna sakumaha nu aya di Kanékés kiwari (kacapi leutik 7 kawat), kacapi gelung atawa kacapi tembang, sarua jeung nu sok dipaké dina tembang Cianjuran), nepi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu dipaké mirig carita pantun, nyaéta laras pélog, tapi loba ogé nu maké laras saléndro.
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (2) pikeun ritual. Dina pidangan hiburan, nu sok dicaritakeun téh gumantung kana carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu nanggap. Sedengkeun pikeun ritual, saperti ruwatan, caritana sarua jeung dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atawa Murwa Kala.
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kira jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan ruwatan leuwih panjang sarta katémbong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. Najan dipidangkeun pikeun tujuan hiburan, pantun teu bisa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda nganggap pantun téh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masarakat Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2) ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta (5) ditutup ku "rajah pamungkas".
Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak ahéng mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun téh mangrupa campuran éta dua jaman. Najan aya istigpar (Islam), istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.
Kasenian pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana dina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun pantun béda hambalan jeung kasenian Sunda lianna. Pikeun urang Sunda mah, pantun téh mangrupa média pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masarakatna.
Kiwari, seni pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh geus kari sababaraha urang.
Ieu pantun téh nyaéta wanda pantun nu asalna atawa sumebar di wewengkon Baduy (Kanékés Rawayan). Gelarna ieu sesebutan utamana sabada J.J. Meijer (1891) midangkeun tulisanana ngeunaan sawatara lalakon pantun ti daérah Gunung Kancana, Banten Kidul, meunang ngumpulkeun juru tulis Raksaatmadja.
Saéstuna can kaungkab kalawan tutas kumaha saéstuna pantun baduy téh (ngeunaan jumlah lalakon, basana, adegan caritana, wandana, jeung pungsi pagelaranana). Proyék panalungtikan Pantun & Folklor Sunda pingpinan Ajip Rosidi (1970) kungsi ngarékam dua carita pantun baduy nyaéta Lalakon Lutung Kasarung jeung Buyut Orényéng.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Carita Pantun, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.