Eurih

Eurih (Imperata cylindrica) nyaéta hiji spésiés jukut ti genus Imperata, subfamili Panicoideae, supertribe Andropogonodae, tribe Andropogonéae.

Eurih
Eurih
Eurih 'Red Baron' di hiji patamanan
Boston, Massachusetts garden
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Monocots
(unranked):
Commelinids
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Imperata
Spésiés:
I. cylindrica
Ngaran binomial
Imperata cylindrica
(L.) Beauv.

Eurih mibanda ngaran daérah nu béda-béda: laturui (Aceh), lalang (Melayu), alang, (Minangkabau), kambengan (Jawa), reja (Makasar), padanga (Gorontalo), gombur (Papua).

Ciri-ciri

Jukut eurih miboga ciri anu khas pisan, di mana tungtung atawa pucuk dauna nyungcung saperti cucuk. Batangna pendék nangtung ka luhur jeung aya kembangan. kembangna kadang warna beureum kaunguan. eurih biasana tumuwuh jangkung antara 0,2 nepi ka 1,5 méter bisa ogé leuwih. daunna ngagaris saperti pita panjang jeung tungtungna nyungcung, di mana pangkalna heureut saperti talang anu panjangna 12–80 cm. tungtungna kasar pisan bari rérégéan, bulu panjang dina pangkalna, tulang daunna lébar.

Sumebar

Eurih bisa gancang réproduksi, maké binih-binihna anu gancang sumebar kabawa angin, atawa liwat rimpangna anu nembus gancang kana taneuh anu gembur. Lalawanan jeung asumsi umum, eurih teu resep tumuwuh dina taneuh anu miskin, garing atawa loba batuan. Jukut ieu resep kana taneuh anu cukup subur, loba kakeunaan cahya panon poé nepi ka rada iuh , dina kaayaan lembap atawa garing. di taneuh-taneuh anu becrek atawa kakeueum, atawa anu osok kaiuhan, eurih ogé henteu daékeun tumuwuh. gulma ieu bakal langsung nempatan urut leuweung anu ruksak sarta kabuka, sésa kebon, sawah anu garing, sisi jalan jeung sajabana. di sababaraha tempat kawas kitu eurih bisa tumuwuh nguasaan sarta nutupan aréal anu lega. Nepi ka skala nu tangtu, kahuruan végétasi bisa ngarangsang perkembangan eurih, pucuk-pucuk eurih anu tumuwuh sanggeus kahuruan dipikaresep ku sasatoan tukang dahar jukut, nepi ka lahan sésa kahuruan sajinis ieu osok dipaké salaku tempat buburu. Eurih sumebar sacara alami ti mimiti India nepi ka Asia Wétan, Asia tenggara, éropa, Amérika, Afrika, sarta di sabagian kapuloan. Tatapi ku lantaran sifat pasifna éta, teu loba tempat-tempat eurih éta dianggap salaku gulma anu ngarépotkeun.

Kandungan kimia

Sababaraha sanyawa kimia nu dipibanda dina tangkal eurih: Manitol, sakarosa, glukosa, silosa, fruktosa, asam malat, asam sitrat, asam oksalat, kaiksol, arundoin, silindrin, fernenol, simiarenol, dan anemonin. Sifat kimiawi jeung éfék farmakologis : ngubaran saluran kahampangan (kantong kemih radang jeung batu ginjal), nurunkeun panas keur galingging, sarta ubar pikeun raheut jeung sariawan sangkan getihna gancang saat.


Mangfaat Eurih

Eurih osok dimangfaatkeun pikeun ngajaga lahan terbuka nu gampang keuna érosi. eurih boga kamampuan gancang tumuwuh, jalinan rimpang eurih anu aya dina taneuh, jeung rapetna daun-daun eurih jadi pangjaga anu alus. Di Indonésia wetan saperti Bali, daun eurih sok digaringkeun pikeun jadi bahan baku hateup imah atawa wangunan liana. Salian ti éta, bisa ogé dipaké mulsa pikeun ngajaga taneuh di lahan tatanén.

Rujukan

Tumbu kaluar


Eurih 
Wiki Basa SundaEurih 
Wiki Commons logo
Wiki Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Tags:

Eurih Ciri-ciriEurih SumebarEurih Kandungan kimiaEurih Mangfaat Eurih RujukanEurih Tumbu kaluarEurihAcehGorontaloJawaMelayuMinangkabauPapuaPoaceae

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

1942UTCPérsija JakartaBiografiAbonFiksiKecap rundayan (basa Sunda)Rarangkén -ar-Najwa Shihab1970-anSurung mundingBoluCupangTumbungInohongKecap barangNarkobaOpat kalima pancerMuhammad AliKaréta api TaksakaTajwidWikipédiaZDFSahadat buhunAnggurMijalmaYouTube1984AgribisnisParahyanganHihidOyongSeureuhPangéranBuahSydneyBasa SwédiaPasarikatan Bangsa-BangsaLondonAtikanÉkuadorBasorahPérsDamdamanHirohitoLeumpangUsum halodoPilipinaBaruang ka Nu NgaroraKaréta api SingasariSandiwaraMacan dahanSuhartoLénongKeuyeupOptimisasi mesin panéangBasa InggrisKonsinyasiSulawesiJukutBayawakJawa TengahTurus (majalah)Basa BenggalaPaparikan🡆 More