Kecap sulur atawa kecap gaganti ngaran/barang (basa Indonésia: pronomina) nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti (nyuluran) kecap barang.
Kecap sulur bisa dibagi jadi sababaraha golongan, nyaéta:
Kecap gaganti ngaran nyaéta kecap anu dipaké pikeun gaganti ngaran jalma. Ieu ogé bisa dibagi deui jadi sababaraha golongan nyaéta:
Kecap gaganti jalma kahiji (nu nyarita) dina basa Sunda kaitung loba. Dilarapkeunana diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa (undak usuk basa) Sunda. Aya kecap gaganti jalma kahiji tunggal jeung aya gaganti jalma kahiji loba (jama’). Kecap gaganti ngaran jalma kahiji tunggal sarta conto larapna dina kalimah :
Kecap gaganti ngaran jalma kahiji lobana (jama’) sarta conto larapna dina kalimah :
Kecap gaganti jalma kadua (nu diajak nyarita) dina basa Sunda ogé loba. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan, anu raket patalina jeung tatakrama basa Sunda. Kecap gaganti jalma kadua tunggal katut conto larapna dina kalimah :
Kecap gaganti jalma kadua lobaan katut conto larapna dina kalimah :
Kecap gaganti jalma katilu (nu dicaritakeun) dina basa Sunda ogé rupa-rupa. Dipakéna diluyukeun jeung kaayaan anu raket patalina jeung tatakrama basa Sunda. Kecap gaganti jalma katilu tunggal katut conto larapna dina kalimah :
Kecap gaganti jalma katilu lobaan (jama’) katut conto larapna dina kalimah :
Jalma kahiji, jalma kadua, jeung jalma katilu téh henteu salawasna diébréhkeun ku kecap gaganti. Bisa ogé diganti ku kecap barang anu umumna mangrupa istilah pancakaki. Anu kitu téh kaasup kana kecap sesebutan. Sawatara conto kecap sesebutan katut conto larapna dina kalimah :
Kecap gaganti milik nyaéta kecap gaganti jalma nu dipaké tukangeun kecap barang pikeun némbongkeun hubungan milik (anu ...). Salian ti kecap gaganti jalma jeung kecap sesebutan, dipaké rarangkén tukang –na deuih, anu ngandung harti ‘nu manéhna’. Conto katut larapna dina kalimah :
Galuring Basa Sunda, Pustaka Setia, Bandung (Drs. Budi Rahayu, Tamsyah, Spk.)
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kecap sulur, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.