Citakan:Multiscript Sunda nyaéta éntitas bangsa/séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, kiwari ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu ngagunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.
Kecap Sunda bisa nujul ka rupa-rupa harti nu sacara umum patali jeung wewengkon bagian kulon kapuloan Indonésia. Titinggal sajarah pangheubeulna nu nyebut-nyebut kecap Sunda nyaéta prasasti Kebonkopi 2 nu dijieun taun 536 M (atawa 458 Saka) dina basa Malayu nu nujul ka karajaan Sunda (aya ogé nu boga pamanggih yén prasasti ieu dijieun taun 932 M, atawa 854 Saka). Kecap Sunda ogé geus aya ti saprak 4000 SM anu geus kaliwat numutkeun filologi Proto Melayu dipikanyaho pang kolotna di Asia, singhoréng gening leuwih ngora tibatan Proto Soendic (Sunda) rebuan taun (Bern Nothover, 1973).
Urang Sunda miboga kayakinan yén mibanda étos atawa karakter kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nyaéta cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), jeung pinter (cerdas). Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara .
Urang Sunda mibanda ciri mandiri, kayaning soméah, lemes dina cumarita, resep heureuy, tur loba akalna.
Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda té jalujur, sarta lébér ku wawanén. Citakan:Tarumanagara
Aya sababaraha definisi Sunda nurutkeun para ahli, di antarana:
Sund hartina moncorong (A Sanskrit-English Dictionary karangan Monier Williams). Numutkeun kana basa Sansakerta, harti Sunda téh aya genep, nyaéta: Bercahaya, terang benderang, anu ngarawat alam/dunya, Satria anu mibanda tanaga gedé, satria anu trampil, bodas beresih, ngaran gunung di beulah kalér kota Bandung.
Numutkeun basa Kawi aya opat harti Sunda, nyaéta :“Cai” hartina daérah anu loba cai, “Tumpukan” hartina subur, “Pangkat” hartina mibanda kualitas, “Waspada” hartina ati-ati.
Numutkeun basa Jawa aya lima harti Sunda, nyaéta :“Tersusun” hartina tartib, “Nyatu/Bersatu” hartina hirup rukun, “Angka dua (candra sangkala)” hartina saimbang, “Naék” hartina kualitas hirupna terus naék, “Terbang melambung” hartina beuki naék kualitasna. Dina Kamus Jav-Ned. Handwoordenbook karangan J.E.C. Gericke jeung T. Roorda disebutkeun yén Sunda téh hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, kécap atawa sora dirajek. Upama dijieun candrasangkala hartina dua, asalna tina basa Jawa unda anu hartina: Ngunda (jangkrik anu rek diadukeun), Ngapungkeun (langlayangan). Dina basa Jawa tunda hartina tumpukan, susun.
Numutkeun basa Sundana, kecap Sunda mibanda harti :“Lumbung” hartina subur makmur, “Sonda” hartina alus, “Sonda” hartina unggul, “Sonda” hartina senang, bungah, “Sonda” hartina sarua jeung kahayang haté, “Sondara” hartina lalaki anu kasép, “Sondari” hartina awéwé anu geulis, Pinuh ku rasa kanyaah, Éndah.
Istilah-istilah dina widang géografi/géologi nu ngagunakeun kecap "sunda" diwanohkeun ku pangumbara Kulon ti Éropa, di antarana
Ditempo tina linguistik, basa Sunda jeung basa Baduy ngawangun hiji rumpun/dapuran basa Malayu-Sumbawa. Kalawan rupa-rupa dialék:
Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda ma jujur, sarta lébér ku wawanén.
Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Sunda, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.