Pada

Pada téh nyaéta beungkeutan rakitan pupuh nu diwangun ku sababaraha padalisan, unggal padalisan ilahama ditulis sajajar-sajajar.

Pada unggal pupuh béda-béda, boh nilik jumlah padalisanana nilik réana engang dina saban padalisan, boh nilik sorana (vokal) dina engang panungtung unggal padalisan. Unggal pupuh miboga patokan nu geus tangtu. Guguritan umumna diwangun ukur ku sababaraha pada atawa puluhan pada, ari wawacan biasana diwangun ku ratusan pada sabab panjang ngalalakon (naratif).

Conto

Ieu di handap conto tilu pada pupuh maskumambang, dipetik tina guguritan Sasambatna Domba Adu karangan A. Djajasasmita anu dimuat dina Volksalmanak Sunda taun 1926.

    Duh manusa mana kaniaya teuing
    teu aya rasrasan
    abong ka mahluk nu laip
    nyiksa henteu jeung aturan
    Hulu abdi karaosna langkung nyeri
    tulang asa bejad
    tanduk mah pon kitu deui
    taya raoskeuneunana
    Na dikinten abdi moal ngaraos nyeri
    Pédah kabiasaanana
    tapi waktosna abdi
    ngan bakating kumawula

Dumasar kana wangunna, atawa rakitanana, aya hadéna upama istilah pada dipaké keur bait (Basa Indonesia) atawa couplet (Basa Inggris) puisi Sunda umumna, lain keur pupuh wungkul.

Rujukan

Tags:

EngangGuguritanPadalisanPupuhVokalWawacan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

.mwBubur béas.iePésoPaus (mamalia)SapfoMantra SundaKecap rajékan (basa Sunda).smDaéng Kanduruan ArdiwinataSajarah basa SundaNagriParisAtlasTaylor SwiftWikipediaWiki CommonsCoét1935Wangunan SundaAnjingGatrikRaffi AhmadEngang.amCarita PantunBandung Lautan ApiRamadhan KHSosiologiHayam WurukGuguritanGeutahᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥCukangNagara kahijianArus listrikSMKS Telkom BandungSamagaha bulanRokét caiPeuyeumPadalisanSendalIsmail MarzukiJukutNyeri huntuSyarif AminAs ShoffKleponOncomSatoHateupNingrum DjulaéhaMotorKudaSawérEmma PoeradiredjaAngelina JolieKartiniParanjéLaosPopong Otje DjundjunanAsép Sunandar SunaryaSi Bedog Panjang🡆 More