Daéng Kanduruan Ardiwinata (gumelar di Bandung taun 1866; tilar dunya di Tasikmalaya taun 1947) nyaéta sastrawan, guru basa, ahli basa, salah saurang nu ngadegkeun tur pupuhu munggaran Paguyuban Pasundan, rédaktur Balé Pustaka, pangarang roman modérn Sunda.
Ramana nyaéta Baso Daéng Passau alias Daéng Sulaéman teureuh Makassar nu datangna ka Bandung téh dibawa ku éyangna D.K Ardiwinata, alatan dibuang ti nagarana ku pamaréntah kolonial Walanda. Ibuna Nyi Mas Rukmi, pencaran ti Sukapura, jadi urang Sunda pituin. Nalika ramana jeung éyangna marulih ka Makassar, Ardiwinata dirorok ku uwana. Ku sabab lingkunganana Ardiwinata diajar agama ti leuleutik, ogé kungsi masantrén di Sukapakir nu dipingpin ku Kiai Hasan Alwi pikeun diajar élmu tafsir Al-Quran. Umur 12 taun Ardiwinata asup ka sakola Cibadak, tuluy neruskeun Sakola Raja, tamat taun 1884. Diangkat jadi calon guru taun 1886 di sakola Cibadak Bandung, tuluy dialihkeun ka Sakola Kelas I Karang Pamulang (1889). Sataun ti harita dibenum jadi Kapala Sakola di dinya. Taun 1893 lulus ti OSVIA. Tuluy dina taun 1901 jadi guru basa Malayu di OSVIA. Di ieu sakola, anjeunna mimiti resep kana ngarang. Taun 1905 kungsi ngarang buku Piwulang ka nu Tani, taun 1910 ngarang buku Piwuruk Budi Utomo tina Bab Mimpipitu. Taun 1911 dialihkeun ka Commissie voor de Volkslectuur nu engkéna jadi Balé Pustaka. Taun 1917 dialihkeun deui ka Bandung jadi guru basa Malayu di Kweekschool jeung Opleidingschool, dugi pangsiun taun 1992.
Salami di Jakarta anjeuna kungsi ngadegkeun Paguyuban Pasundan sakaligus jadi pupuhuna nu munggaran (1994), ogé nulis Baruang ka Nu Ngarora (basa Indonésia: Racun Bagi Pemuda, 1913) nu mangrupa roman mimiti di Indonésia (lain dina basa Sunda wungkul). Disagigireun éta anjeuna ogé nulis buku-buku carita asli atanapi saduran tina dongéng-dongéng dunia (Andersen, La Fontaine, Aesop, jeung sajabana). Babarengan jeung Muhammad Rais, M. Partadiredja, M. Amongpradja, H.S.H. de Bie, sareng C.M. Pleitje, Ardiwinata nyusun Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Walada (basa Indonésia: Pedoman Menuliskan Bahasa Sunda dengan Huruf Latin) tahun 1912, nu mangrupa usaha munggaran pikeun nyeragamkeun éjaan basa Sunda kalawan maké huruf Latin, nu terus dianggo dugi ka parobahan éjaan basa Indonésia taun 1947 (Éjaan Républik). Taun 1917, Ardiwinata medalkeun buku pangajar bahasa jeung aksara cacarakan judulna Soendaasch Spel en Leesboekje (basa Indonésia: Buku Ejaan dan Bacaan Bahasa Sunda). Ogé dina taun 1916 anjeuna medalkeun Élmuning Basa Sunda nu mangrupa buku tata basa munggaran nu di tulis ku orang Sunda. Buku ieu kantos ditarjamahkeun kana Basa Indonésia ku Ayat Rohaédi judulna Ilmu Bahasa Sunda (dina seri ILDEP). Babarengan jeung karyawan anu guru ogé di Bandung, taun 1905, Ardiwinata ngadegkeun pakempelan penemu guru nu medalkeun majalah dua bulan sakali, nyaéta Boekoe Panemoe Goeroe. Di majalah anu aya anjeuna Ardiwinata sering nyumbangkeun karya mangrupa karangan nu judulna Papaés Nonoman dipedalkeun ku Paguyuban Pasundan (1914-1918), anu penting di antarna karangan "Proza en Poezie".
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Daéng Kanduruan Ardiwinata, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.