Candi Borobudur

Candi Borobudur nyaéta candi panggedéna nu aya di Indonesia.

Perenahna di Magelang, Jawa Tengah kurang leuwih 40 km ti Yogyakarta. Ieu candi ngawengku 10 undak, nu mana di unggal undak aya sababaraha stupa. Jumlah stupa nu aya nyaéta 72 saluareun stupa utama. Di unggal stupa aya patung Buddha. Sapuluh undak ngagambarkeun filsafat Buddha nyaéta tingkatan Bodhisattya nu kudu dipilampah sangkan bisa ngahontal kasampurnaan jadi Buddha di kayangan. Ieu kasampurnaan digambarkeun ku stupa utama di undak pangluhurna. Struktur Borobudur upami ditingali ti luhur, wangunna siga struktur mandala nu ngagambarkeun kosmologi Buddha jeung cara mikir manusa. Salian ti jadi obyék wisata, ieu candi ogé jadi puseur ibadah keur nu ngagem agama Buddha di Indonésia, hususna nalika poé Waisak.

Candi Borobudur
Panorama Candi Borobudur


Sajarah

Candi Borobudur 
Prasasti batu peringatan restorasi Candi Borobudur

Borobudur diwangun kurang leuwih taun 800 M atawa abad ka-9. Ieu candi diwangun ku masarakat nu ngagem agama Buddha Mahayana dina jaman pamaréntahan Wangsa Syailendra nu dipingpin ku Raja Samaratungga. Pangwangunan ieu candi bérés tutas taun 850-an dina jaman pamaréntahan Ratu Pramudawardhani, anakna Samaratungga. Sedengkeun arsiték nu miboga jasa dina ieu pangwangunan candi nyaéta Gunadharma. Kecap Borobudur sorangan dumasar kana bukti tinulis munggaran nu ditulis ku Sir Thomas Stamford Raffles, Gubernur Jendral Britania Raya di Jawa. Hiji-hijina dokumén nu ngébréhkeun ayana ieu candi nyaéta kitab Nagarakretagama nu ditulis ku Mpu Prapanca dina taun 1365.
Ieu candi geus teu digunakeun salila mangabad-abad. Tuluy alatan gunung bitu, ieu candi katutupan ku taneuh vulkanik jeung rupa-rupa tatangkalan.
Taun 1814 nalika Inggris ngajajah Indonésia, Sir Thomas Stamford Raffles ngadéngé ayana banda purbakala di desa Bumisegoro daerah Magelang. Raffles nitah H.C Cornelius, insinyur Walanda sangkan nalungtik lokasi éta banda purbakala. Taun 1835, ieu candi mimiti digali tur tuluy dipugar nepi ka jaman Walanda ngajajah nagri urang.
Sanggeus Indonésia merdeka, taun 1956 pamaréntah Indonésia ménta bantuan ka UNESCO sangkan nalungtik karuksakan Borobudur. Tuluy dina taun 1963, kaluar kaputusan resmi pamaréntah pikeun ngoméan Candi Borobudur nu bérés dina taun 1984. Ti mimiti taun 1991 Candi Borobudur ditetepkeun minangka World Heritage Site atawa Warisan Dunya ku UNESCO.

Referensi


Candi Borobudur 

Tags:

BuddhaIndonesiaJawa TengahMagelangWaisakYogyakarta

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Solat2020Kuda rénggongKalimah (basa Sunda)Perang Israél−Hamas 2023Johnny DeppMérkuriusCalingcingRamadanMitosMaroko2022PulusSamagahaAyip RosidiKawih kaulinanSawérJalan tolTempuyungBismillahNyeri huntuSuhartoApip MustapaTéaterCiréngCandi CangkuangHaji Abdul Malik Karim AmrullahAnggelGalur caritaTaksonomiRarangkén pi--eunLiniLeuwiLutung KasarungJuwarKeusikBabad BantenPadalisanRépublik VénésiaAseupanDagingTaufik HidayatManukSayuti MelikPrancisHumaAntagonisDiponegoroSintungNgaruwatKi UmbaraBakiAnakronismeuDogdog PangréwongCukangSééngLentongUsum halodoTerjemahanSuhuKecap kantétan (basa Sunda)Kecap (basa Sunda)WirangrongGaya KatujuhGaya basa (Sunda)PayungNomer Buku Standar InternasionalJulang ngapakKecap bilangan (basa Sunda)Cristiano RonaldoBasa programSéro🡆 More