Tempuyung

Tempuyung, atawa Sonchus arvensis kawéntar minangka ubar hérbal, anu bisa ngubaran bisul nepikeun ngubaran asam urat.

Tempuyung ieu miboga ngaran - ngaran anu lian, kawas lempung, lampenas, lobak air, jombang lalaki sarta rayana. Tempuyung ieu, biasana tumuwuh di gigireun jalan, lapangan, jeung dina sela - sela parit. Tempuyung bisa tumuwuh nepikeun 150 cm. Batangna, biasana buluan jeung lunak.

Tempuyung
https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/9/9e/Sonchus_arvensis_kz02.jpg/720px-Sonchus_arvensis_kz02.jpg

Daun Tempuyung, geus ilahar digunakeun minangka ubar alami nu miboga khasiat pikeun rupa - rupa masalah kaséhatan. Pédah, dina daun Tempuyung nyangkaruk kandungan nutrisi jeung mineral di jerona.

Mangpaat nu nyangkaruk dina Daun Tempuyung :

Di handap ieu aya sababaraha mangpaat daun Tempuyung, di antarana :

  1. Menurunkan kadar Asam Urat. Maranéhna nu ngabogaan panyawat asam urat, pasti sok ngarasakeun nyeri dina aréa/palebah persendian. Lantaran, kristal asam urat ngendap/namper dina pembuluh darah/saluran getih. Pikeun ngurangan rasa nyerina, gunakeun daun Tempuyung. Alatan daun Tempuyung téh ngabogaan sipat nu bisa ngalarutkeun/ngaleyurkeun kristal asam urat, sangkan ngabantu ngadorong kaluar ngaliwatan kahampangan.
  2. Memecah Batu Ginjal. Mangpaat daun Tempuyung, bisa mupuskeun batu ginjal lantaran kandungan Kalium dina ieu tutuwuhan. Kalium mimitina beréaksi kalayan diuraikeun ku Kalsium Karbonat, tuluy kacampur jeung Zat - Zat anu lian, anu aya dina batu ginjal. Ieu bisa ngabalukarkeun batu ginjal ruksak, jeung larut ku cai seni.
  3. Anti - Peradangan. Daun Tempuyung bisa jadi tutuwuhan hérbal, pikeun ngurangan peradangan, kawas dina Maag jeung Wasir. Cara nu panggampilna dina ngurangan radang téh nyaéta nginum cai urut naheur daun Tempuyung éta.
  4. Mengobati memar atau luka terbakar. Daun Tempuyung miboga khasiat salian keur ngubaran asam urat jeung batu ginjal, bisa ogé ngubaran kulit urut luka bakar (siga urut kasundut ku roko, atawa arang) sangkan gancang sembuh.
  5. Mencegah Hipertensi. Mangpaat daun Tempuyung bisa ngendalikeun tekanan darah tinggi lias hiperténsi. Kondisi ieu bisa waé kajadian, lantaran sababaraha hal, kaasup stréss, faktor génétik, ngonsumsi uyah nu teu kakontrol, jeung pola hirup nu teu séhat.
    Tempuyung 
    https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/d/db/Tempuyung_-_Sonchus_Arvensis.jpg

Rujukan nu dipaké dina ieu kaca :

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

LondokTatakrama basa SundaKecap asalSistem Geodesi DunyaKomengSérén taunLénongHondaKritik sastra SundaPésoPanalungtikanProsa1891SasanggaleunOncomNagriKulawargaTelevisiRandeganSeni PintonanLangitKaty PerryRancatanHayam WurukCacandranCurukMantra SundaPapantingGamelan DegungKaduRarangkén -um-Syarif AminKalimahKolécér (kaulinan)IqroNomer Buku Standar InternasionalUkar BratakusumahJangjawokanPanata acaraKiripik sampeuAbubakar JayadiningratBudak TimuLeuncangeunMotorPotosintésisSangrayKamasanNyi Pohaci Sanghyang AsriMalariaKomputerCareuh bulanWikipediaBloggerMarcapada.ieCongcotAgnéz MoSakoteng24 AprilTélékomunikasiAksara GedéKayasOngol-ongol🡆 More