Waisak atawa Waisaka (Pali; Sanskrit: Vaiśākha वैशाख) nyaéta hiji poé suci agama Buddha.
Waisak ogé disebut Visakah Puja atawa Buddha Purnima di India, Saga Dawa di Tibet, Vesak di Malaysia jeung Singapura, Visaka Bucha di Thailand jeung Vesak di Sri Lanka. Ngaran-ngaran ieu dicokot tina bahasa Pali "Wesakha", nu aya kakaitana jeung "Waisakha" tina bahasa Sanskerta. Di sababaraha tempat disebut ogé minangka "Poe Buddha".
Waisak dirayakan dina sasih Mei waktu caang bulan 14 (purnama sidhi) minangka pangeling-ngeling tilu kajadian penting, nyaéta:
Tilu kajadian ieu disebut "Trisuci Waisak". Kaputusan ngarayakeun ieu Trisuci Waisak, diputuskeun dina Konferensi Persaudaraan Buddhis Sedunia (World Fellowship of Buddhists - WFB) nu kahiji di Sri Lanka dina taun 1950. Pangeling-ngeling ieu diayakeun pas purnama kahiji bulan Mei.
Waisak saenyana ngaran hiji bulan dina kalender India Kuno.
Dina tradisi Mahayana, poé ieu dicokot tina basa Sanskerta, वैशाख (Vaiśākha), jeung tina variana. Vesākha dikenal ku ngaran Vesak atawa Wesak (衛塞節) dina basa Sinhala.
Waisak ogé dikenal maké ngaran:
Pengeling-ngeling Waisak di Indonésia nurut kana kaputusan WFB. Biasana dipusatkeun sacara nasional di komplek Candi Borobudur, Magelang, Jawa Tengah.
Runtuyan pangeling-ngeling Waisak nasional pokok acarana jiga kieu :
Salian ti tilu acara poko biasana dilakukeun ogé pradaksina, pawei jeung acara kesenian.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Waisak, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.