Gandrum

Aya kana 30 spésiés, tempo di handap

Gandrum
Gandrum
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Magnoliophyta
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Sorghum

Spesies

Gandrum; sorgum; (Sorghum spp.) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Poaceae. Ieu tutuwuhan sarwa guna tiasa dianggo mangrupa sumber pangan, parab ingon sareng bahan baku industri. Salaku bahan pangan, gandrum aya dina nomer ka-5 saatos gandum, jagong, paré, tur hanjeli. Gandrum mangrupikeun makanan pokok penting di Asia kidul kitu deui di Afrika sub-sahara.

Ngaran séjén

Ngaran daérahna,kayaning : jaba bĕndil, jaba bĕngkok (Bat.); jagung roté, jawaras, gandum, gĕndum (Mly.); jaguĕng garai, gandun (Mink.); jagung cĕtrik, gandrum, gandrung, goel (Sd.); cantél, gandum, jagung cantél, j. inda, j. pari, oncér (Jw.); jhaghung bhulir, oncér (Md.); batara tojéng (Mak.); bata (Bug.); sĕla (Flores); dela (Solor); péla’ dae’, péla hik (Rote); téraé hawu (Sawu); wataru hamu (Sumba); jeung réa-réa deui.

Kandungan kimia jeung kagunaan

Gandrum ogé ngandung serat:fiber teu larut cai atanapi serat kasar sareng serat pangan, masing-masing ageungna 6,5% - 7,9% tur 1,1% - 1,23%. Kandungan protein ogé saimbang sareng jagong gedéna 10,11% sedangkeun jagongmah 11,02%.

Kitu ogé sareng kandungan pati gedéna 80,42% sedengkeun kandungan dina jagong 79,95%. Hanjakalna, tipung gandrum kurang dipikaresep alatan henteu mibanda gluten sapertos anu aya dina tipung tarigu. Masyarakat Indonésia geus karung mikaresep kana tipung tarigu, alatan kandung gluten anu loba, gluten ieu anu ngawangun adonan emih jeung roti jadi élastis.

Sok padahal Loba teuing ngonsumsi bahan pangan anu ngandung gluten ogé henteu alus pikeun kaséhatan, alatan bisa ngabalukarkeun celiac desease. Malahan ieu mangrupi salah sahiji jalan kaluar tina ayana alternatif tipung anu leuwih sehat pikeun dikonsumsi tayalian tipung gandrum.

Sagigireun kitu gandrum dipikanyaho mibanda mangpaat anu leuwih hadé tibatan tipung tarigu alatan gluten free sarta mibanda angka glikemik index anu saeutik tangtuna milu ngarojong trend gerakan konsumén gluten free diet saperti di nagara-nagara maju.

Budidaya gandrum

Gandrum kagolongkeun tutuwuhan anu gampil dibudidayakeun kituna waragad anu dikaluarkeun pikeun ngurusna kaitung murah katut bisa dipelak tumpangsari jeung tutuwuhan séjén, kayaning: paré huma, kadelé, kacang taneuh atawa bako, tangtuna ogé bisa dipelak sacara monokultur. Dina sakali melak, gandrum bisa dipanén leuwih ti sakali ku kituna gandrum kasebut tutuwuhan anu mibanda produktivitas alus. Daérah budidayana gandrum lega pisan, gandrum bisa hidup ti mimiti daérah landeuh nepika daérah tonggoh kalayan iklim tropis-garing nepika iklim baseuh.

Di Indonesia, daérah anu melak gandrum kawilang loba. Kiwari, daérah anu ngahasilkeun gandrum mimiti ti Jawa Tengah (Pati, Demak, Wonogiri, Grobogan), Yogyakarta (Gunung Kidul, Kulon Progo), Jawa Timur (Lamongan, Bojonegoro, Tuban, Probolinggo), nepika sawaréh daérah di Nusa Tenggara Barat jeung Nusa Tenggara Timur. Sorgum kaasup tutuwuhan prioritas kadua pikeun petani di Nusa Tenggara Timur saenggeus tangkal jagong, alatan sagigireun gandrum bisa dipelakk dina lahan-lahan anu teupati subur, saperti halodo leuwih panjang, irigasi kurang, tutuwuhan sorgum ogé bisa dimangpaatkeun salaku parab ingon-ingon. .

Spésiés

  • Sorghum almum
  • Sorghum amplum
  • Sorghum angustum
  • Sorghum arundinaceum
  • Sorghum bicolor (Cantel, durra, milo)
  • Sorghum brachypodum
  • Sorghum bulbosum
  • Sorghum burmahicum
  • Sorghum controversum
  • Sorghum drummondii
  • Sorghum ecarinatum
  • Sorghum exstans
  • Sorghum grande
  • Sorghum halepense
  • Sorghum interjectum
  • Sorghum intrans
  • Sorghum laxiflorum
  • Sorghum leiocladum
  • Sorghum macrospermum
  • Sorghum matarankense
  • Sorghum miliaceum
  • Sorghum nitidum
  • Sorghum plumosum
  • Sorghum propinquum
  • Sorghum purpureosericeum
  • Sorghum stipoideum
  • Sorghum timorense
  • Sorghum trichocladum
  • Sorghum versicolor
  • Sorghum virgatum
  • Sorghum vulgare

Tutumbu ka luar

Wiki Basa SundaGandrum 
Wiki Commons logo
Wiki Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Referensi

Citakan:Bahan pangan Citakan:Tanaman-stub

Tags:

Gandrum Ngaran séjénGandrum Kandungan kimia jeung kagunaanGandrum Budidaya gandrumGandrum SpésiésGandrum Tutumbu ka luarGandrum ReferensiGandrum

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

22 PébruariCihcirBéklenXMéksikoGanja, AzerbaijanSapfoKirataEmasKabupatén KuninganSahadat buhunGaya basa (Sunda)KaméraIbing KusmayatnaAlfred Russel WallaceKJaarbeurs1907BatagorKarajaan NgahijiVTurkiSajarah basa Sunda5188TémaTogoNorépinéfrinKota BogorAbad ka-2178Ketuk tiluJazzLutung KasarungBabad Panjalu2008Universitas Kristen Maranatha1960Cacad génétikKabupatén CianjurLandakAlfabét Fonétis InternasionalCareuh bulanBogotá.etKampung adat CireundeuJepangMantra SundaPrancisAam AmiliaKawah PutihBacang (kadaharan)WalandaJuniAbubakar JayadiningratRujakKinaLaosD.uyBelukCarita pondokBasa Turki62Parahulu4Kecap sulurQur'anLKabudayaan Sunda1962🡆 More