Gondéwa

Gondéwa nyaéta hiji pakakas paranti mentangkeun jamparing, dijieun tina awi, kai, atawa campuran kai jeung awi,.

Gondéwa kudu kuat, hampang jeung liat, baheula dijieun tina awi atawa kai, bahan kai dipaké palebah panyepengan sangkan kuat narima pangaruh mangsana tali dibatek, sedengkeun awi mibanda sipat leleus liat henteu babari potong mangsana tali dibatek tur bisa balik deui kawas sasari. Kiwari gondéwa geus dijieun tina bahan anu leuwih kuat jeung hampang saperti bahan campuran/komposit fiberglass jeung kai, fiberglass jeung awi, jeung bahan séjéna anu leuwih hadé.

Gondéwa
Gondewa tina awi

Pedaran

Sangkan jamparing ngabelesat, tungtung gondéwa luhur jeung handap dipasang tali anu liat tur ngenyod dibeungkeut dina unggal tungtungna, mangsana dipaké ieu tali dibetot katukang sedengkeun gondéwa ditahan, mangsa dibatek téh tali méréan kitu ogé gondéwana ogé milu melenoy/melengkung ieu kaayaan baris méré tanaga jeung awahan pikeun mentangkeun jamparing/panah anu diperenahkeun dina tengah-tengah luhureun talina, mangsana tali dileupaskeun deui, gondéwa jeung tali balik deui . Dina waktu anu sarua jamparing melesat kasurungkeun ku tanaga tina tali jeung gondéwa anu balik deui.

Tali (senar) anu dipaké pikeun mentangkeun jampaing/panah kudu kuat jeung ngenyod, hampang, henteu nyerep cai, jeung henteu tihiangan. bahan-bahan tradisional pikeun nyieun tali umpamana: linen, rami, ramat tina tatangkalan, urat/otot, sutra, jeung kulit sasatoan, anu pang alusna dijieun tina urat/otot lantaran leuwih tahan ku cai

Sajarah

Gondéwa jeung jamparingna mangrupa hiji pakarang anu geus kacida heubeulna dimangpaatkeun, dumasar kana panalungtikan sahenteuna kapanggih dina titinggalna mangsa Paleolitik nepika mangsa Mesolithic. Tempatna di Nataruk, Turkana County, di Kenya , jamparing anu seseukeutna tina batu obsidian kapanggih dina jéro tangkorak aya ogé anu nanceb dina dada . ti saprak harita Gondewa jeung jamparing geus digunakeun meh di sakuliah dunya kajaba, Australia .

Dicutat tina

Tutumbu kaluar


Gondéwa 

Tags:

Gondéwa PedaranGondéwa SajarahGondéwa Dicutat tinaGondéwa Tutumbu kaluarGondéwaAwiJamparingKai

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

TélékomunikasiAtikanIngon-ingonTatakrama basa Sunda2012LongsérBelukKalimahSiritSéroDaptar inohong bangsa IndonesiaNomer Buku Standar InternasionalKabupatén PangandaranRarangkén N-Kuwung-kuwungLeuncangeunSMKN 4 GarutHirupMangandeuhAl InsanNagara daulatWalunganNyiruanGlobalisasiKarya IlmiahTajugSitus Gunung PadangKérod salawéRarakitanMaén balMohammad HattaBasa WalandaDaya Mahasiswa Sunda (DAMAS)NyiruPurwakantiEmbéOncomLancah maungCareuh bulanKomaKawihDrumKabayaRarangkén pang--keunRarangkén pa-Carita pondokSintungSunamiSaint Héléna, Ascension, jeung Tristan da CunhaLingkungan hirupAustriaDongéngBajigurRadiasi éléktromagnétikKaiFaktor dayaParibasaAl FalaqÉngklé2015 XJ1KirataKampung NagaSuratKabudayaan SundaIsraélSurabiNovelTopéng banjétDodol GarutBlog🡆 More