Surat

Surat nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa, sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca.

Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna. Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pamérédih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana. Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan téknologi, peranan surat angger dipikabutuh.

Surat
Surat dicap ku patugas pos saméméh diiangkeun ka tempat tujuan

Jenis-jenis Surat

  1. Surat kulawarga: sipatna kakulawargaan dina hirup kumbuh sapopoé saperti antara sobat jeung sobat, anak jeung kolot, lanceuk jeung adi.
  2. Surat Niaga: ditulis ku jalma anu bagerak dina lapangan buniaga jeung pausahaan, eusina ngeunaan buniaga.
  3. Surat Dines,ditulis ku lembaga/ instansi pamaréntah/ swasta, eusina ngeunaan kadinesan jeung sagala formalitasna.
  4. Surat Organisasi, ditulis ku organisasi anu sipatna merjuangkeun gagasan organisasi.

Kauntungan Surat

  1. Surat kaitung praktis.
  2. Surat leuwih irit
  3. Surat leuwih éféktif

Babagian Surat

  1. Puhu Surat,nuduhkeun idéntitas lembaga/ organisasi, biasana biasana dikaluarkeun ku lembaga, pausahaan, organisasi/ instansi.
  2. Tempat jeung Titimangsa, tempat nuduhkeun lokasi nalika nulis surat, titimangsa nuduhkeun tanggal nalika nulis surat.
  3. Nomer Surat, dicantumkeun sangkan gampang nalika sawaktu-waktu dibutuhkeun.
  4. Lampiran, nuduhkeun dokumén anu dihijikeun kana surat.
  5. Hal, poko eusi surat
  6. Alamat, dimimitian ku kecap kahatur.
  7. Salam bubuka, kalimah bubuka minangka panghormat di awal surat.
  8. Paragraf bubuka, saméméh asup kana inti pasualan, minangka panganteur kana inti.
  9. Eusi Surat, masalah poko dina surat.
  10. Panutup, ahir surat anu sipatna harepan, paneges tur aya hubunganana jeung sopan santun.
  11. Salam Panutup
  12. Tanda tangan
  13. Tembusan, pikeun ngagampangkeun pamariksaan lamun aya pihak séjén anu aya patalina jeung éta surat.

Catetan


Surat 

Tags:

BasaKomunikasiTéknologiWarta

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

IranDrama12 OktoberBitotama30.plNangkaSuukChad1968RomaniaAMPS1806An NasAtlasGTirosinPolandia158512 MéiVitaminKalimah39.bdMomen (matematika)KekecapanMuhammadKanada2001SunnahNakulaSurabiMoldova1946Maén balRBangbara19121785GaruSérén taunAbad ka-7 SMMosambikTradisiWikipédia basa SundaAngolaDomain undak luhur1918711757Kampung Gedé Kasepuhan CiptagelarSaudi AramcoPicasaPatempatanBéntang Lapang1963SayangTaun kabisatHardiskMama Gentur.kz1947BeubeurAustraliaTapak liman13 MaretDaptar abadKecap barangNiueJaguarDadah CholidahKrikétHong KongGoongAdat ngurus orok🡆 More