Taun Kabisat

Taun kabisat (Basa Inggris: Leap year) nyaéta taun nu ngalaman nambahan sapoé anu tujuanana keur nyaluyukeun jeung tanggal taun astronomi.

Dina sataun teu campleng 365 poé, tapi 365 poé 5 jam 48 menit 45,1814 detik. Lamun ieu hal euweuh lajuning lakuna, unggal 4 taun bakal kakurangan ampir sapoé (pernahna 23 jam, 15 menit 0,7256 detik). Keur ngonvérsi ieu hal, unggal 4 taun sakali (taun anu bisa dibagi 4), dibéré sapoé tambahan: 29 Pebruari. Tapi sabab 5 jam 48 menit 45,1814 detik kurang ti 6 jam, ku kituna taun-taun anu dibagi 100 (unggal taun 1600), lain taun kabisat, iwal nu bisa dibagi 400 (seperti taun 2400).

Algoritma

Aya algoritma nu gampang dipikaharti keur nangtukeun taun nu kaasup kana taun kabisat anu dijéntrékeun ieu di handap.

  1. Lamun angka taun bisa dibagi 400, éta taun pasti taun kabisat.
  2. Lamun angka taun teu bisa dibagi 400 tapi bisa dibagi 100, éta taun pasti lain taun kabisat.
  3. Lamun angka taunna teu bisa dibagi 400, henteu bisa dibagi 100 tapi bisa dibagi 4, éta taun kaasup taun kabisat.
  4. Lamun angka taunna teu bisa dibagi 400, henteu bisa dibagi 100, teu bisa dibagi 4, éta taun lain kaasup taun kabisat.

Taun Kabisat nurutkeun wangenan di luhur aya sanggeus lumakuna kalender Gregorian (1582). 1009 SM keur nangtukeun sataun nu mangrupa tahun kabisat atawa lain:

if year modulo 4 is 0 then if year modulo 100 is 0 then if year modulo 400 is 0 then is_leap_year else not_leap_year else is_leap_year else not_leap_year

atawa

if year is divisible by 400 then is_leap_year else if year is divisible by 100 then not_leap_year else if year is divisible by 4 then is_leap_year else not_leap_year

Kalénder Tionghoa jeung Yahudi

Kalénder Tionghoa jeung Yahudi ngagunakeun 19 taun keur 7 bulan dina19 matahari.

Bulan Taun Selisih taun
0 0 0
1 3 3
2 6 3
3 8 2
4 11 3
5 14 3
6 17 3
7 19 2

Dina taun kabisat kalénder Tionghoa nambahan sabulan (30 poé) anu disebut Lun, ari Yahudi  sabulan (30 poé) dina taun Adar.

Kalénder Hijriyah

Kalénder Hijriyah ngagunakeun 29 taun keur 11 bulan dina 29 matahari.

Bulan Taun Selisih taun
0 0 0
1 2 2
2 5 3
3 8 3
4 10 2
5 13 3
6 16 3
7 18 2
8 21 3
9 24 3
10 26 2
11 29 3

Dina taun kabisat kalénder Hijriyah bakal nambahan sapoé (30 poé) dina taun Dzulhijjah.

Rujukan

Tags:

Taun Kabisat AlgoritmaTaun Kabisat Kalénder Tionghoa jeung YahudiTaun Kabisat Kalénder HijriyahTaun Kabisat RujukanTaun Kabisat160029 PébruariAstronomiBasa InggrisDetikJamMenitPoéTaun

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Rahmat M. Sas. KaranaKabupatén Kulon ProgoPangaweruhAl-IkhlasKuda rénggongPaculGlobalisasiLionel MessiNangkaKejadian, Way Serdang, MesujiTradisi lisanCénangSatelit KomunikasiPeer to PeerIsyana SarasvatiMoch. AmbriSamagaha bulanSiti Hardijanti RukmanaBabak (téater)Al InsanLambak640Prabowo SubiantoSisingaanBobokoPatempatanBeuratLeuweungKarya IlmiahMitosMencekTaleusRaisaWawacan Layang Syékh Abdul Qodir JaélaniFatmawatiWikipédiaKamalirMantra SundaGawirAyang-ayang GungDaptar istilah sora satoSMKN 4 GarutKila-kilaIndustriWarnaWalunganWaasforexCingcangkelingDoméstikSangrayPakasabanHafshoh binti UmarArtikelKakawihanSatoGamelanAstronomiNagaraAksara Sunda BakuGunung Merapiᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥBasa LaténWareguPrabu KéansantangWayang GolékRampak SekarBorobudur, MagelangKekecapan1810-anKumis ucingRarangkén ting-Kabupatén SitubondoAntagonisMédia sosialRumpaka🡆 More