Biasana nujul kana lokasi atawa posisi géografis di muka bumi, sanajan bisa ogé di rohangan lianna. Di handap ieu béréndélan patempatan nu aya di muka bumi:
- Alun-alun: tanah lapang di hareupeun kabupatén, kawadanaan, jste.
- babakan: lembur anyar.
- babaladon: kotakan leutik anu pernahna di bagian tanah sésémpéran; di sawaréh tempat disebut ogé baladoan
- balungbang: kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang.
- bangawan: walungan anu kacida gedéna.
- Basisir: sisi tanah (keusik) nu adek ka laut.
- bojong/bobojong: tanah anu nyodor ka cai (walungan, talaga, laut); jojontor, jajirah.
- bubulak: sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping atawa di pasir.
- bungin: pulo di muara walungan. Disebut ogé délta.
- dayeuh: kota, nyaéta ibukota nagara, propinsi atawa kabupatén; bisa ogé hartina lembur pamatuhan.
- dungus: gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet (di leuweung). Disebut ogé rungkun atawa ruyuk.
- Empang: balong atawa kulah gedé (lega).
- galengan: tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah.
- gawir: sisi jurang, tanah anu mudunna nyuksruk atawa sisi tanah anu lungkawing.
- girang: tempat jol ngocorna cai: cai ngocorna ti girang ka hilir.
- Gunung: tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir, biasana luhurna leuwih ti 600 méter.
- hilir: tempat nu dituju ku cai ngocor lantaran leuwih handap, sabalikna tina girang.
- hulu cai / sirah cai: tempat kaluar cinyusu nu éngkena jadi walungan.
- huma: tanah darat nu dipelakkan paré teu dikocoran cai (ngandelkeun cai hujan), di sisina sok dipelakkan palawija.
- hunyur: taneuh nu munjukul siga imah rinyuh di tegal atawa dina tetelar; imah rinyuh.
- jajirah: bagian tanah daratan nu méh kakurilingan ku laut (méh mangrupa pulo).
- jami: huma tipar, robahan tina jarami; geus rumpak jami, geus réngsé panén di sawah.
- jojontor: tanah nu nyodor ka cai, leuwih panjang ti batan tanjung; bobojong.
- jungkrang / jurang: bagian tanah anu legokna jero sarta sisi-sisina gurawés.
- kabuyutan: tempat anu dianggap karamat, patilasan jaman baheula.
- karéés: sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik; cadas.
- kebon: tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan saperti bungbuahan, palawija, jeung sarupaning ti éta.
- kikisik: sisi laut nu mayak sarta keusikan.
- Kuburan: tanah tempat ngubur mayit; makam, astana.
- kulah: balong leutik, tempat miara lauk, mangrupa cai ngemplang dina tanah beunang ngali.
- lamping: bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana; bagian gunung luhureun tutugan atawa sukuna.
- landeuh: tempat anu leuwih handap ti tempat urang, sabalikna tina tonggoh (tempat, pakarangan atawa jalan anu leuwih luhur.
- Laut: bagian dunya nu dieusi cai asin, sarta nu misahkeun daratan jeung daratan; sagara.
- lebak: tempat nu leuwih handap ti batan tempat urang cicing, sabalikna tina tonggoh; landeuh.
- legok: tempat nu rada handap ti tempat nu aya di sakurilingeunana.
- legon: bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.
- lembur: kampung di luar kota, padumukan jelema nu diwangun ku sababaraha imah.
- léngkob: tempat anu legok antara dua lamping.
- Leuweung: tempat lega atawa wewengkon nu pinuh ku kakayon (tatangkalan) sarta teu dipaké matuh ku jelema. Kajaba ti nu ngajaga, biasana panonoban sato jarah.
- Leuweung geledegan: leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon sarta teu kasaba ku manusa iwal sarupaning sasaton.
- Leuweung gerot: leuweung geledegan, leuweung gedé.
- Leuweung gonggong simagonggong: leuweung nu kaayaannana geueuman, pikasieuneun.
- Leuweung larangan/tutupan: leuweung nu teu meunang diganggu boh sasatoannana boh tutuwuhanana.
- Leuweung luwang-liwung: leuweung geledegan nu teu kasaba ku jelema.
- Leuwi: babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak.
- mandala: daérah, wilayah lembur; lembur singkur mandala singkah: lembur nu jauh ka ditu ka dieu.
- momonggor/monggor: pasir nu rada handap sarta leuwih leutik.
- Muhara: tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé.
- mumunggang, geger: bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang.
- pabuaran: tempat bubuara matuh di tempat anyar. Anu ngumbara sok loba nu terus bubuara, tara balik deu ka lembur asalna.
- padépokan/dépok: kampung, patapan; patapan biasana ayana di nu suni.
- padukuhan: padumukan nu jauh ti kota; padusunan.
- padusunan: pakampungan nu jauh ti kota.
- pamakaman: patempatan/wewengkon anu dipaké kuburan/astana.
- pasir: gunung leutik tur teu sabaraha luhur.
- pasiringin: pakampungan, padésaan (asal tina siring: kampung).
- ponclot/poncot: bagian pangluhurna tina gunung, munara, jsb.; puncak.
- puncak: bagian gunung anu pangluhurna, atawa ponclot.
- régol: kampung nu pernahna aya sabudeuren gedong kabupatén beulah tukang.
- reuma: tanah darat urut huma anu keur direureuhkeun lantaran geus teu subur deui.
- rorah: cai ngocor sarupa susukan, ayana di leuweung.
- sabang: tanah darat nu dihapit ku dua walungan.
- Sagara: laut
- sampalan: tegal tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah.
- sarakan/pakusarakan: tempat lahir, lemah cai.
- sawah: tanah anu dipelakan paré, dikembeng, dikurilingan ku galengan.
- sédong: angkrong di sisi walungan di jero leuwi.
- situ: balong nu leuwih lega sarta rada héjo.
- somang: jurang anu gurawés sarta jero.
- sungapan: tempat ngocorkeun cai ti walungan atawa solokan ka sawah, ka balong.
- susukan: solokan jalan cai beunang nyieun jelema.
- Talaga: situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema (upamana Talagawarna, Talagabodas).
- Taman/patamanan: kebon kembang jeung tatangkalan séjén nu alus sarta lega.
- tambakan: bendungan panjang sarta rubak (tambakan balong); panahan cai balong, ayana di sakuriling balong. Mun di sawah mah ilaharna sok disebut galengan.
- tanjung: jojontor, tanah anu nyodor ka laut.
- tarikolot: tempat/daérah urut lembur, lembur nu tadina gegek imahna kaayaanana robah jadi coréngcang.
- tegalan: tanah lega sarta rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul.
- teluk: bagian sisi laut anu ngelok ka darat, sabalikna tina tanjung.
- tepiswiring: sesebutan séjén keur pasisian atawa pilemburan.
- tetelar: tanah datar di tengah sawah nu teu kahontal ku cai, biasana sok dipaké pangangonan.
- tipar: pihumaeun méméh disasap atawa dipacul.
- tonggoh: tempat anu leuwih luhur ti batan tempat urang cicing.
- tutugan: suku gunung, bagian gunung beulah handap.
- wahangan: jalan cai anu jadi ku manéh, nyaéta walungan anu leuwih gedé batan solokan.
- Walungan: wahangan gedé. Disebut ogé bangawan.
Rujukan
- Peperenian Urang Sunda, Rachmat Taufik Hidayat, Spk., Kiblat, Bandung, 2005.
| Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Patempatan, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.