Budaya asalna tina basa Sansekerta nyaéta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.
Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nyaéta ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah taneuh atawa tatanén. Kecap culture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basa Indonesia. Ku kituna, kabudayaan mangrupa rupaning aturan, pituduh, rarancang, jeung stratégi nu ngawengku modél-modél kognitif nu dipiboga ku manusa jeung digunakeun sacara selektif dina nyanghareupan lingkunganna. Hiji kabudayaan mangrupa pangaboga babarengan dina masarakat atawa golongan sosial nu sumebar ka anggota-anggotanna. Kabudayaan diwariskeun ka generasi saterusna ngaliwatan prosés diajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ucap boh henteu (kaasup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa). Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung prosés dihajar jeung lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Budaya, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.