Pakasaban

Pakasaban atawa patukangan nyaéta pagawéan anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé.

Pakasaban
patani
Pakasaban
pamayang
Pakasaban
tukang dagang
Pakasaban
kebojengkeng
Pakasaban
jururawat

Pakasaban Urang Sunda

Mayoritas pakasaban masarakat Sunda nyaéta minangka patani, nambang keusik, sarta ngahuma. Nepi ka abad ka-19, loba masarakat Sunda anu ngahuma ku cara pundah-pindah. Di kota mah, loba urang Sunda anu gawéna jadi buruh pabrik, pagawé nagari, sarta jadi pembantu. Anu sok dagang kuriling loba ogé dilakonan ku masarakat Sunda, utamana asal Tasikmalaya sarta Garut. Maranéhanana loba ngajual rupa-rupa parabot rumah tangga. Pakasaban anu pokok di masarakat Sunda téh aya 3, nyaéta :

  • Dina widang pakebonan, di antarana pepelakan téh, kalapa sawit, karét, jeung kina.
  • Dina widang tatanén, saperti paré, palawija, jeung sayuran.
  • Dina widang perikanan, saperti pamayang, tambak udang, jeung perikanan ikan.

Salian tani, aya ogé anu pakasabanana jadi tukang dagang, pengrajin, jeung peternak.

Istilah-stilah Pakasaban

  • Amil nyaéta tukang nguruskeun saniskara nu aya patalina jeung perkara agama di désa, disebut ogé lebé.
  • Anjun nyaéta tukang nyieun barang gagarabah (parabot dapur) tina taneuh.
  • Badaya nyaéta tukang ngigel (biasana awéwé), di karaton atawa di kabupatén, igelna ogé igel badaya.
  • Baluk nyaéta awéwé tukang dagang ngider.
  • Baramaén nyaéta tukang jajaluk. Ilikan jajaluk /musafir.
  • Bas nyaéta tukang kai atawa tukang nyieun wawangunan (imah).
  • Béngkong nyaéta tukang nyunatan (paraji sunat).
  • Bujangga nyaéta pangarang jeung ahli dangding nu mashur lantaran hasil-hasil karyana, ahli basa/sastra (ahli pikir nu palinter).
  • Candoli nyaéta tukang ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan (biasana awéwé).
  • Dalang nyaéta 1.tukang ngalalakonkeun carita carita wayang; 2. pamingpin rombongan réog,calung,jsb.
  • Dokter nyaéta ahli ngubaran kasakit lulusan paguron luhur.
  • Dukun nyaéta tukang ngubaran kasakit ku jampé, urut, atawa ku padika anu béda jeung dokter.
  • Gending nyaéta tukang nyieun parabot tina kuningan, hususna tatabeuhan saperti gamelan, jeung sajabana.
  • Indung beurang nyaéta tukang ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok (biasana awéwé), disebut ogé paraji.
  • Jagal nyaéta tukang meuncit munding, sapi jeung sajabana.
  • Jobong nyaéta awéwé nu nampa bayaran tina hubungan séxs di luar nikah.
  • Jurualok nyaéta tukang ngeuyeub-ngeuyeub kawih atawa kakawihan.
  • Jurubayar nyaéta tukang ngabagikeun duit bayaran ka anu hak nampana.
  • Juruladén nyaéta tukang ngalayanan anu balanja di toko.
  • Jurumudi nyaéta tukang ngamudikeun kapal laut.
  • Jurupantun nyaéta tukang nyarita atawa ngadongéng diselang-selang ku ngawih bari nabeuh kacapi.
  • Kabayan nyaéta tukang 1.ngajaga paséban (baheula);2.tukang ngaladénan dina hajatan.
  • Kajineman nyaéta tukang ngajaga sakitan, mandor sakitan.
  • Kamasan nyaéta tukang nyieun perhiasan tina emas atawa pérak.
  • Kebojéngkéng nyaéta tukang ngagusur padati.
  • Koki nyaéta tukang ngieun kaolahan, juru masak.
  • Kulaér nyaéta kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung.
  • Kuncén nyaéta tukang ngurus kuburan.
  • Malim nyaéta tukang meruhkeun sasatoan galak.
  • Mandor nyaéta tukang nalingakeun jeung ngatur pagawé.
  • Modin nyaéta tukang adan.
  • Pamayang nyaéta tukang ngala lauk di laut.
  • Nayaga nyaéta tukang nabeuh gamelan.
  • Panday nyaéta tukang ngieun barang/parabot tina beusi.
  • Paraji nyaéta tukang nyunatan atawa tukang nulungan nu ngajuru.
  • Patani nyaéta tukang ngagarap taneuh supaya kaala hasil tatanenna.

Rujukan


Pakasaban 

Tags:

Manusa

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

MantraBobotoleunKomputerDaptar lini di AzerbaijanRamadanBiantaraTaylor SwiftÉkonomiJayantiSydneyPénguinRuntahSeserahanArsitékturSawalaNgalamarJeujeurPérsibAsép Sunandar SunaryaPituduh muat berkas1994ProsaHileudDaérah Operasi III CirebonAlgoritmaBabadSutradaraCiréngApuSuratBandung Lautan ApiBabak (téater)Kawih2 PébruariramatlokaAksara Sunda BakuYamaha AéroxKiripik sampeuTémaApoptosisComroBencoy15 DésémberDongéngKampung KutaSastraDangdingBabarVoltaseAbu BakarIEEE 802.11g-2003Saudi ArabiaNyiruanUkrainaHoéSudanApple Inc.PadaKekecapanBabasanGodi SuwarnaToto Sudarto BachtiarKamarangPopong Otje DjundjunanUdjo NgalagenaKlepon🡆 More