Babar

Ngalahirkeun nyaéta hiji prosés di mana budak dikaluarkeun ti awak indungna.

Sanggeus tumuwuh di jero pianakan kira-kira 40 minggu atawa 9 bulan 10 poé mangka orok siap dilahirkeun. Dina prosés kalahiran, aya sawatara hormon anu baris ngagampangkeun jalanana kalahiran, di antarana hormon relaksin, éstrogen, prostaglandin, sarta oksitosin. Hormon rélaksin mangaruhan kana kapantengan otot dina simfisis pubis. Naékna kadar éstrogendan prostaglandin baris nurunkeun kadar hormon progésteron anu bisa ngahalangan kontraksi dingding pianakan. Hormon oksotosin baris ngaronjatkeun kontraksi dingding pianakan.

Babar

Sanggeus prosés persalinan, idung kudu ngarawat kaayaan awakna. Hal-hal anu perlu diperhatikan di antarana:

  1. Dahar kadaharan anu bergizi utamana anu ngandung loba zat beusi. Lamun dirasakeun kurang, mangka perlu ngonsumsi suplemén zat beusi kalayan dosis nurutkeun anjuran patugas médis.
  2. Ngajaga kabérésihan diri sarta leuwih hadé teu ngalakonan cara-cara tradisional anu picilakaeun, contona ngagunakeun lebu panas pikeun nyageurkrun tatu dina vagina.
  3. Ngalakonan pamariksaan sanggeus persalinan ka dokter kabidanan atawa ka para ahlina.

Sajaba kudu bisa ngurus dirina sanggeus ngalahirkeun, saurang indung ogé kudu bisa ngurus orokna sacara cageur, antara séjén kalayan méré ASI sarta kadaharan anu bergizi. Hal-hal penting anu kudu dipikanyaho indung dina ngurus orokna di antarana:

  1. Geura-giru nyusuan sanggeus ngalahirkeun, méré ASI nu mimiti kaluar (disebut kolostrum, boga warna konéng) dina orok alatan ngandung zat kakebalan ti indung.
  2. Méré imunisasi ka orok pikeun nangtayungan orok ti panyakit tépa, kawas difteri, batuk rejan, tétanus, polio, TBC, sarta campak.
  3. Méré ASI ékslkusif sahenteuna salila 4 bulan (dianjurkeun salila 6 bulan), saterusna kakara dibéré kadaharan tambahan anu ngandung gizi anu alus sarta luyu jeung umur orok.

Rujukan

Babar 

Tags:

BudakHormonOksitosinOrokOtotPianakan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

RamadanCakungAja VolkmanFebri HaryadiBuraholKabudayaan Sundazhcn8WancahanCarita PantunAngklungCéndolAbdasPrabu SiliwangiBabad CirebonKecap rajékan (basa Sunda)RarangkénGambang2007 RT1BitotamaKawah PutihJulang ngapakDaptar istilah sora satoBlogOpat kalima pancer1542CangkuangSitus Gunung PadangWawacanÉngkléKampung Adat CireundeuSurabiKabupatén LebakNovelGalur caritaFaktor dayaAam AmiliaRumpakaBajing taneuh25 NopémberSakotengIwa Kusuma SumantriKampung PuloHaji Abdul Malik Karim AmrullahTingkebanAlamNyi Roro KidulHiperténsiKekecapanEmma PoeradiredjaBika ambonAn-Nisa' (Surat)13 JuniGegetukUlamaKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarGending karesménTatakrama basa SundaRadiasi éléktromagnétikLeuwiDjoeanda KartawidjajaSistim OperasiFrasa.au2006LemperNapoleon BonaparteBandar Udara Internasional Soekarno–HattaTaunKalimah6 OktoberBarusuhAmalKalimah (basa Sunda)🡆 More