Pianakan

Pianakan (rahim, uterus) téh salah sahiji organ baranahan bikang dina lolobana mamalia, kaasup manusa.

salah sahiji tungtungna, cervix, mangrupa lawang ka heunceut; sedengkeun nu séjénna nyambung ka solobong Fallopi (fallopian tubes). Dina mamalia, bentuk rahim téh aya opat: bipartit, kawas dina sapi; bikornuat, kawas dina bagong; simpléks, bentuk pear kawas nu aya di manusa jeung kuda; sarta dupléks, kawas dina kelenci.

Pianakan
Anatomi réproduktif internal wanoja.

Kamekaran

Saluran Müller (Müllerian duct) bilateral téh kabentuk dina mangsa awal tumuwuhna fétus. Mun jalu, MIF nu disékrésikeun tina siki kanjut (téstés) ngabalukarkeun régrési, sedengkeun bikang, saluran ieu mekar jadi solobong Fallopi jeung rahim. Di manusa, bagian handap dua saluranana ngahiji jadi uterus tunggal. Dina kasus uterine malformation, kamekaran ieu téh bisa kaganggu. Béda bentuk uterus dina rupa-rupa mamalia téh dumasar kana béda darajat fusi éta dua saluran Müller.

Anatomi

Rahim perenahna dina pélvis, dorsal (jeung biasana mah rostral) ka kantong urin jeung véntral ka rectum. Perenahna ieu ditahan ku dalapan ligamén (hiji anterior; hiji posterior; dua lateral atawa broad; dua uterosacral; sarta dua ligamén buleud). Ilaharna mah rada anteverted (condong ka hareup), tapi kadang retroverted (condong ka tukang). Mun teu keur reuneuh, diaméterna ukur sababaraha sénti.

Rahim lolobana mah diwangun ku otot nu katelah myométrium. Lapisan myométrium pangjerona disebut junctional zone, nu bakal ngandelan nalika adenomyosis. Pinding rohangan rahim disebut éndométrium. Di lolobana mamalia, kaasup manusa, éndométriumna téh sacara matuh ngawangun pinding nu, mun teu reuneuh, bakal gugur atawa diserep deui. Gugurna pinding éndométrium ieu di manusa katelah ménstruasi sapanjang mangsa suburna. Di mamalia séjénna, daurna téh antara ukur sababaraha poé nepi ka satengah taun.

Fungsi

Fungsi utama rahim nyaéta pikeun nampanan ovum nu geus dibuahan ovum nu salajengna "dipelak" dina éndométrium, sarta derives nourishment from blood vessels which develop exclusively for this purpose. Ovum nu geus dibuahan lajeng jadi émbrio, nu tumuwuh jadi fétus nepi ka borojolna. Alatan hahalang anatomis pélvis, rahim téh kadorong sawaréh ka abdomén alatan ngabadagan nalika reuneuh, padahal beuratna mah paling badag nepi ka sakiloan.

Patologi

Sababaraha kondisi patologis nu patali jeung rahim di antarana

  • prolapse of the uterus
  • carcinoma of the cervix - malignant néoplasm
  • carcinoma of the uterus - malignant néoplasm
  • ectopic pregnancy
  • fibroids - benign néoplasms
  • adenomyosis - ectopic growth of endometrial tissue within the myometrium

Terminologi

Istilah uterus ilahar dipaké dina kagiatan médis, sedengkeun sapopoéna sok disebut rahim.

Baca ogé

Sumber rujukan

  • Uterus, Wikipédia édisi basa Inggris per 15 Désémber 2005

Tumbu kaluar

Tags:

Pianakan KamekaranPianakan AnatomiPianakan FungsiPianakan PatologiPianakan TerminologiPianakan Baca ogéPianakan Sumber rujukanPianakan Tumbu kaluarPianakanBagongHeunceutKelenciKudaMamaliaManusaOrgan (anatomi)Sapi

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Deungeun sanguLiniKudaTapak limanBasisir ParangtritisGoongKampung UrugYasser ArafatDokterUTC.ruRampak SekarRarangkén pang--keunMaén balTéhnologiKendangSeni PintonanKiswa Wiriasasmita.kyAseukSatoRakitan lantipTurkménistanSyifa HadjuAtlasUrugAntonimSMKS Telkom BandungTambagaKunciSundaGatrikKaséhatanIndung leungeunPakasabanMahabarataDurmaSolatAdolf HitlerLancah maungKadalonJungkookCalungAdat NikahSuratKaresebanPamohalanBasisirInohong di Bojong RangkongKaulinan budak SundaEmma PoeradiredjaSangrayTatakrama basa SundaBasisir JayantiWawacan MintaragaKuwaitBacharuddin Jusuf HabibieInternétNagriAsinanUsum halodoSujiSendalKamasanLongsérKabudayaan SundaCécép BurdansyahPuisi sundaTatang Sumarsono🡆 More