Longsér

Longsér nyaéta salah sahiji kasenian nu méntaskeun carita nu miboga nilai-nilai luhur nu raket jeung kahirupan masarakat.

Nilai-nilai nu aya dina carita longsér téh bakal dipangaruhan ku jejer nu geus ditangtukeun. Longsér diwangun ku sababaraha bagian penting nu jadi ciri tina kasenian éta. Pagelaran longsér téh biasana dibarung ku nayaga, pamaén, jeung bodoran nu miboga daya tarik sorangan keur panongton. Salian ti éta, pagelaran longsér ilaharna mineng dipidangkeun peuting-peuting. Lamun pagelaran nu dipidangkeunna siang disebutna lontang. Longsér mangrupa salah sahiji téater rahayat Tatar Sunda nu hirup di daérah Priangan, pernahna di Bandung Kidul Daérah Ranca Manyar Kacamatan Pameungpeuk.

Pakakas pikeun nyaanganana disebut oncor nu miboga sumbu tilu atawa lima. Disimpen di tengah-tangah, sedengkeun gamelan disimpen di tukang sakalian pikeun tempat para anggota rombongan ngaganti raksukanana.

Raksukan Awéwé jeung Lalaki

Para pamaén nu awéwé disebut Ronggéng anu salah sahijina disebut Sripanggung. Raksukan Ronggéng ilaharna nyaéta dikabaya, dikarémbong (selendang), disanggul anu dipakékeun manglé, tuluy maké hiasan saperti subang, kalung, gelang, cincin, jeung bros. Sedengkeun pamaén lalaki ngagunakeun raksukan jawara saperti sarung, kamprét, iket barangbangsémpak bari mawa golok anu diselipkeun kana sabuk kulit anu lébar, mamaké gelang akar bahar, batu ali nu gararedé.

Prak-Prakan Pintonan

Biasana dina prak-prakan pagelan longsér téh sok dimimitian ku wawayangan atawa mamarung, para ronggéng ngibing bari hahaleuangan pikeun ngirut ati panongton. Biasana éta ronggéng-ronggéng téh sok maké ngaran-ngaran lauk saperti Si Jelér, Si Tawés, Si Sepat, Si Kumpay, jsb. Para panongton anu bisa makékeun sarung, kopéah, arloji, kacamata, saputangan, jsb ka ronggéng anu dipilihna. Saréngséna ngibing, éta barang-barang téh dibalikeun deui ka nu bogana tur dibarengan ku tebusan duit. Ti dinya, kakara wéh muncul banyolna, anu dipingpin ku éta rombongan nu ngucapkeun hatur nuhun ka para panongton bari ngawanohkeun rombongan jeung Sripanggung sarta ronggéng-ronggéng bari ngabanyol. Acara dituluykeun ku ngibing sacara papasangan antara sripanggung jeung jawara, tuluy diturantan ku para ronggéng.

Struktur Longsér

  1. Tatalu jeung lagu Gonjing, minangka béwara yén pintonan Longsér dimimitian.
  2. Kidung, minangka bubuka anu dianggap mibanda kakuatan magis pikeun usaha pintonan lancar ogé dipaké lagu persembahan dina arwah karuhun, kidung biasana dinyanyikan ku ronggéng anu dina kamekaranna dinyanyikan ku Sindén.
  3. Ronggéng anu dimimitian ku wawayangan.( kalayan ngawanohkeun para ronggéng maké landian kawas si Batrési Oray, Si Asoy,si Géboy. Tari anu dibawakeun nyaéta ketuk tilu / Cikeruhan).
  4. Bobodoran jeung musik sarta tarian, biasana bodor nurutan tarian ronggéng.
  5. Penclut pintonan Longsér mintonkeun hiji lakon anu dicokot tina kahirupan sapopoé.

Referensi


Longsér 

Tags:

Longsér Raksukan Awéwé jeung LalakiLongsér Prak-Prakan PintonanLongsér Struktur Longsér ReferensiLongsérBandungKasenianPrianganTéater

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

29 AprilAs-SajdahMantraWaas12 JuniSeni PintonanKaréta api Argo WilisPulitik.guIsraélPrancisSituRaden KartawinataAksara Sunda KunaSalésmaOntohodRéaksi kimiawiSMA Lentera KasihKuadrat leutikKaréta api BangunkartaLangitKabupatén TulungagungJavaScriptAlfabét fonétik NATOPerang Punik IMachjar Angga Koesoemadinata2004Karéta api TuranggaKabupatén TangerangDeungeun sanguDogdogSylvester StalloneCukangAdasAwi bitungKémometrikJulung-julungShukubaSumatra KalérDaptar istilah pakarang satoPikiranLasun10 SéptémberJayantiKabupatén BogorCipatiKaréta api Argo Bromo AnggrékMuwaqqitAtol PalmyraKarédokWikipediaTatambaPerang Dunya IISyahriniWalotChadJérman214YahudiDaptar dékadeBabak (téater)Ngadu kaléci1 OktoberEmbéSapfoJakTVSistim koordinat géografiGorila🡆 More