Seserahan

Seserahan nyaéta prosési masrahkeun babawaan atawa tanggeuyan ti pihak panganten lalaki ka pihak panganten awewe.

Dina seserahan , pihak lalaki biasana mawa rupa-rupa barang, baju, duit, kaasup parabot rumah tangga jeung sasatoan saboga-boga masing-masing pikeun bahan kariaan. Pihak lalaki dina waktu nu geus ditangtukeun datang ngaleut ngeukeuy ngabandaleut bari mawa barang-barang nu geus dihias dialus-alus, sangkan katémbong éndah. Acara seserahan aya nu dilaksanakeun saminggu, sapoé, atawa aya ogé dina poéan akad nikah. Inti tina acara seserahan sabenerna mah mikeun ngajurungkeun /serah tarima calon pangantén ti pihak calon pangantén lalaki nu ditarima ku pihak calon pangantén awéwé tur sabalikna.

Adat istiadat seserahan di Priangan biasana nyerahkeun calon pangantén lalaki kalayan maké basa atawa siib sikola nu disanunikeun pikeun nyilibkeun si calon sacara gembleg boh jasmani katut rohanina, ti mimiti sirah nepi ka dampal sukuna nu biasana ditepikeun ku basa nu disamarkeun, saperti: ti luhur sahibas/sausap rambut ti handap sausap dampal. Kitu deui ti pihak awéwé, salaku nu narima jeung masrahkeun calon pangantén awéwé na ngagunakeun jawaban anu samar ogé.

Pikeun ngungkulan ieu acara, dibutuhkeun ahli basa jeung tatakrama nu kawilang hadé, boh ti pihak nu masrahkeun atawa nu narima calon pangantén. Dina harti teu sagawayah jalma anu jadi utusan ti pihak pangantén.

Galeri

Sumber

Seserahan 

Tags:

BajuDuitLalakiSasatoan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SawérBobokoOptimisasi mesin panéangBasa Balkewan26 PébruariKomputerUsum halodoTumbungSutradaraWirangrong1984Boy-boyanKaréta api Gajah WongBasa IndonésiaRahmat M. Sas. KaranaSeni PintonanLeuwiOto Iskandar di NataAwugUrang ArabTepasRarakitanTajugBiografiJagat nyongkabBasa kostaSirahBatagorPérsib1642Gamelan DegungLulumpangoptimisasi mesin panéangJojonPésoBajigurMencek2 PébruariBaruang ka Nu NgaroraNomer Buku Standar InternasionalPakakas Tatanén TradisionalDongéngAyakanUni Arab MagribiSunan MuriaGolodogLeupeutKaséhatanTékoCilokFrasaAksara Sunda BakuKéjuUgaDiabétes mélitus1950-anUcing-ucingan1942IbingMégalitikumParahyanganRaheutPutuVirus15 JanuariBayawakBala-balaThe TitansOlah ragaSastraTahu Sumedang🡆 More