Ngalamar

Ngalamar nyaéta salah sahii prosés anu dilampahkeun saméméh nikah.

Tujuanna minangka pameungkeut calon panganten saméméh diayakeunna akad nikah. Aya sababaraha 'tahapan' anu kudu dilakasanakeun ku kolot dua pihakananana boh lalaki boh awéwé, satacan calon pangantén ditikahkeun. Biasana mah, sanggeus kolotna masing-masing sapuk pikeun ngajodokeun/ngarérémokeun budakna, kolot ti pihak lalaki sok ngayakeun acara neundeun omong, sarta 'ngiket' ku cara kolot pihak lalaki nitah jalma nu dipercaya pikeun ngadatangan imah calon besanna ngébréhkeun maksud jeung eusi haténa nu disebut neundeun omong, tujuanana mah taya lian sangkan anak calon bésanna daékeun dijadikeun piminantueun. Datangna utusan ti pihak calon pameget ka pibésaneun biasana mah tara barang bawa. Umpama calon pangantén lalaki jalama jegud, biasana mah nu dititah téh jalama pinter nyarita, undak usukna, tatakrama, jeung budi parangina hadé, ogé lantip budi, tur soméah. Lajuning laku tina neundeun omong, heuleut sababaraha waktu, kolot calon pangantén lalaki biasana ngadatangan calon bésanna dibarengan ku babawaan boh dahareun atawa hadiah ala kadarna keur nangtukeun waktu jeung poé nu dianggap hadé (repok) pikeun lumangsungna akad nikah. Kadatangan nu kadua ieu biasana disebut ngalamar. Acara lamaran ieu pikeun jalama jegud atawa beunghar mah kalan-kalan dibarung babawaan, kayaning dahareun, duit atawa cingcin, salaku pangiket ka calon pangantén awéwé.

Sumber

Ngalamar 

Tags:

AwéwéCingcinDahareunDuitImahLalaki

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ÉvolusiEngangUcing-ucinganPenca SilatRarangkén ba-Rukun ImanPupujianCaturanggaMesirAnakronismeuMijalmaUcing sumputKangguruKawihSeminarWikiGamelanKalimah (basa Sunda)Samsudin HardjakusumahÉkuadorKairoRisolesAngulimala103 SMSiti Hardijanti RukmanaPaku sayurÉnsiklopédiJangjawokan1869SééngSvalbardKabuyutan CiburuyBébénténganDongéngAustralia (buana)ISO 4217Suku (biologi)1949AntonimProsaRaffi AhmadLiang HeunceutKabupatén CianjurSungkemRarakitanPerang BubatWalungan CisadanéStar WarsFolklorInternational Telecommunication UnionNangkaNyiruKekecapanJam témbokMaryam (surat)Asép Sunandar SunaryaAdi HidayatWangunan SundaBintinuAjianJamaikaSinga depaMeghan TrainorParaguayBoéhSancangMoci🡆 More