Bintinu

Bintinu atawa bantinu (Visenia umbellata) nyaéta tangkal anu asalna tina kulawarga Malvaceae, hirupna ngarungkun.Jangkungna bisa nepi ka 15 méter, gancang ngagedéan tur bisa hirup dalah dina taneuh anu kaayaanna kurang subur.

Visenia umbellata
Bintinu
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Eudicots
(unranked):
Rosids
Ordo:
Malvales
Kulawarga:
Malvaceae
Génus:
Melochia
Spésiés:
M. umbellata
Ngaran binomial
Melochia umbellata
(Houtt.) Stapf
Sinonim
  • Visenia indica C.C.Gimelin
  • Melochia umbellata Houtt.
  • Melochia indica (Gmel.) Kurz.

Daunna rubak 90-300 mm, kelir kembangna beureum kayas. Kulitna bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran cacingeun, ngalakop tulang potong, tipalitek, jeung réa-réa deui.

Bintinu loba kapanggih hirup di nagara-nagara anu aya di wewengkon Asia Tenggara, Australia jeung papua ogé Papua Nugini. Bisa hirup dina taneuh nu garing alatan kahalodoan ogé taneuh jemlék di sisi susukan, pasir anu tarahal ku batu, jeung di jero leuweung. Tangkal bintinu loba kapanggih hirup liar, tapi aya ogé anu ngahaja dipelak pikeun ngiuhan binih tangkal kai jeung tangkal kopi anu kakara merentis. Daunna ogé dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon. Malahan di Hawaii mah, ieu tangkal bantinu téh ngababadeg jadi gulma ku alatan dipelak dina jumlah anu kacida loba, mangsa lumangsungna program penghijauan taun 1920.

Dicutat tina

Bintinu 

Tags:

BeureumKulitMéterTaneuhTangkalTulang

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Aksara Sunda Kuna20-anRidwan KamilAtol PalmyraKeusikDaéng Kanduruan ArdiwinataTaun kabisatBéninKabupatén Bandung KulonWalunganGaharu.guPeundeuyDaptar inohong bangsa IndonesiaTatang SumarsonoMalta1200Program Studi Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya SundaBoboko1802XinjiangHidrogénBintinuKaiTokyoKaranganCongklakRarangkén pika--eunPitopatologiSambilotoCeurikMahkamah InternasionalManukKaréta api JayakartaTayamum.kmBatakoSawahGumiwang, Purwanegara, BanjarnegaraPerang BubatSasak Akashi KaikyōPerang Punik IMaséhi1682CukaJapatiÉtimologiRéaksi kimiawiMotorBabasan jeung paribasaArgéntinaGegetukSaréAl-AnfalNgalamar.shBandung TV.zmMoji13 SéptémberHujan asamSahadat buhunJukutWawacan Rusiah Nu GeulisAjaran Jati BuhunWaktuKecap rundayan (basa Sunda)Uji rasio likelihood🡆 More