Risoles

Risoles ( rissole) nyaéta salah sahiji kuéh garing nu eusina daging jeung sayuran dibungkus dina hiji gulungan nu dijieun tina tipung roti jeung diolésan ku endog hayam meunang ngocok.  Ieu kadaharan bisa ogé dipanggang dina open.  Risoles nu ukuranana leutik bisa dipaké jadi hiasan keur kadaharan nu ukuranana gedé, saperti potongan daging hayam atawa daging sapi.

Eusi risoles bisa maké daging ayam, daging sapi, daging lauk, hurang, supa, wortel, kentang, atawa buncis. Adonan gulunganana dijieun tina campuran tipung tarigu, endog kokonéngna, mantega (margarin), jeung cai atawa susu. Risoles anu kawentar di Indonesia nyaéta risoles sayuran nu dicampur daging jeung risoles nu eusina ragout. Ieu kuéh wangunna segi panjang saperti amplop. Risoles segitilu téh umumna dieusian ragout. Risoles bisa didahar maké sambel suuk nu éncér, sambel botol, atawa bari ngageletuk céngék.

Risoles
Risoles

Kamekaran

Risoles 
Risoles didagangkeun di Pasar Malem.

Jaman baheula risoles disebut roinsolles, mimiti dipikawanoh dina abad ka-13. Harita, ieu kadaharan téh ukur panekuk anu digoréng ngagunakeun mantéga atawa gajih sapi. Ku kamekaran jaman, ieu kadaharan robah eusina ku daging sapi atawa hayam kalawan dicampur sayuran. Dina istilah kulinér Perancisrissoler téh kecap pagawéan miboga harti jadi coklat. Rissoler pasti dibungkus ku hiji gulungan atawa nu sajinisna, biasana digoréng, tapi aya ogé nu digarang dina open. Rasa rissole bisa asin atawa amis. Rasa amis téh ku sabab dipurulukan ku gula tipung atawa selé bungbuahan.

Galéri

Referensi

Tags:

AngeunBotolBuncisCaiCéngékDagingEndogHayamHurangIndonésiaKentangLaukMantégaPasagi burungRotiSambelSambel suukSapiSupaSusuTariguTipungWortel

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

484Tatakrama pamingpin SundaKumpulan sajakSutradaraKaso beuritKaméraJurudemungMuhammad TohaBurokanSotoApip MustapaHéjoAsmarandanaBatagorKendangKiripik sampeuJimmy WalesComroMagmaAsép Sunandar SunaryaPandawaBarusuhAsinanKudaRobiul akhirKecap Rajékan (Basa Sunda)Période EdoDogdog PangréwongJangjawokanRarangkén pika--eunGereja Katolik RomaTurkménistanLasminingratYouTubePeucangKuwaitPupukMotorKadalonPeer to PeerGoongParaguayBalakbakMasjid Agung CianjurMoroccoNadom alam mahsyar.coPaulPaninggaranAseupan1891Bubur béasItilLongsérGedoganCingcauAsetSi Bedog PanjangKompas TVRarangkén ka--anKembang GoyangNgasorRandeganMajaPésoAgnéz MoJeujeurProsaDana Alokasi UmumKabudayaan Sunda.kyDaptar istilah sora sato🡆 More