Gedogan

Gedogan; istal, nyaéta hiji wangunan anu dijieun pikeun ngandangan kuda sangkan teu kabur.

Gedogan basajan dijieun tina tangkal awi atawa kai kalayan maké hateup saperluna, tapi ari gedogan anu alus mah dijieun tina tembok jeung hateup anu weweg kawas gedong. Gedogan dijieun kudu kuat utamana mangsa disépak kuda mangsa keur birahi atawa ngarasa kaganggu, lamun kuda leuwih ti hiji hadéna gedogan dijieun sakamar séwang sangkan lalu asa.

Gedogan
Gedogan

Kabersihan jeung kaséhatan

Sangkan kuda betah jeung séhat, gedogan perlu diberesihan unggal poéna utamana mangsa kuda keur aya di pangumbaran. Lantéy gedogan kudu dijieunna tina bahan anu teuas, kayaning batu, bata, atawa semén sarta kudu déngdék saeutik sangkan gampil meresihan kotorana. Sagigireun ti éta, lantéyna ogé kudu leuwih jangkung saeutik tibatan taneuh sabudeureun.

Kaluar asup hawa di jero gedogan kudu jadi perhatian, ulah ngagemblang teuing matak tiriseun tapi cukup pikeun kasegeran kandang jeung kuda.

Kamalir pamiceunan kokotor kudu rapih, hadéna dijieun maké sistim anu katutup sangkan kandang kenteu bau.



Dicutat tina


Gedogan 



Tags:

AwiHateupKaiKuda

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Emma PoeradiredjaKaranganJalmaItilNASABajigurKaso beuritJimmy WalesSundaNgasorSutradara.pyCurukFeni FitriyantiPandanGeutahDodolAbdullah MustappaJepangPelita Bandung RayaUgaPerang Bubat1823AlkésahSultan Ageng TirtayasaTatakrama pamingpin SundaGedoganBarusuhLos AngelesPapantingWirangrongAbubakar JayadiningratAyip RosidiPanyajakBudayaMencekGatot MangkoepradjaSeserahan24 AprilPériode EdoSawérDokterYasser ArafatDémokrasiNyeri huntuÉncrakFotoCing ciripitGoongMusikPandawaUrugSoto hayamUsum halodoMotorHihidKawih kaulinanManukBébénténganWayangRarangkén pi--eunKabudayaan SundaBasa PolandiaSisingaanAsinanLasminingratSusi Pudjiastuti🡆 More