Nasa

National Aeronautics and Space Administration (NASA) nyaéta lembaga pamaréntah Amerika Serikat nu miboga tanggung jawab sakabéh program luar angkasa jeung panalungtikan umum dina jangka waktu nu manjang.

Ieu organisasi miboga tanggung jawab kana program panalungtikan masarakat sipil, aeronautika, jeung program kadirgantaraan.

Tujuan Stratégis Nasa

NASA miboga tujuan stratégi, di antarana:

  1. Ngamekarkeun jeung ngajaga aktivitas manusa di sakuliah dunya.
  2. Ngamekarkeun pamahaman ilmiah ngeunaan bumi jeung alam dunya
  3. Nyiptakeun inovasi rohang téhnologi anyar
  4. Panalungtikan aeronautika nu pangonjoyna
  5. Ngaktifkeun program jeung kamampuh institusi pikeun ngalakukeun kagiatan ngeunaan luar angkasa jeung aeronautika
  6. Ngabagi élmu pangaweruh kalawan tanaga pangajar jeung mahasiswa pikeun méré kasempetan ilubiung

Sajarah

présidén Eisenhower ngadegkeun NASA taun 1958 jnu boga tujuan pikeun mentingkeun kabutuh masarakat sipil dibandingkeun jeung militer, jeung digunakeun pikeun program karukunan dina élmu ngeunaan luar angkasa. Undang-undang Undang-Undang Aeronautika jeung Keluarangkasaan Nasional disahkeun 29 Juli 1958,ngagantikeun organisasi saacaanna, Komite Penasehat Aeronautika Nasional. Badan ieu resmi dimimitian dina tanggal 1 Oktober 1958.

NASA geus hasil nyatet jadi sajarah ngirimkeun astronoutna ka bulan nu munggaran dina tanggal 20 Juli 1969. Tim astronaut nu kagabung dina Misi Apollo 11 nu jumlahna 12 urang, kaasup astronaut Neil Armstrong jeung Buzz Aldrin.

NASA ogé pernah nyiptakeun pesawat shuttle keur penerbangan ka luar angkasa, nu dipedalkeun munggaran di taun 1981. Pesawat shuttle ieu geus hasil ngajalankeun 130 misi saacan pangsiun di taun 2011

NASA jogé hasil medalkeun robot kaluar angkasa Mars Pathfinder nu ditugaskeun pikeun ngajalajah planet Mars, pikeun mikanyaho leuwih jauh tanda-tanda kahirupan di Mars.

Salian ti eksplorasi luar angkasa, NASA ayeuna miboga tim aeronautik nu terus ngamekarkeun mangrupa-rupa téhnologi aviasi. Mangrupa-rupa hasil panalungtikanna dipikahayang ku nu nyadiakeun jasa penerbangan di sakabéh dunya.

Organisasi NASA

Kantor pusat NASA nu tempatna di Washington Amerika Serikat. Salian kantor pusat, NASA ogé ngabogaan ogé 9 markas, Laboratorium Propulsi Jet, sarta 7 fasilitas pikeun kaperluan tes jeung panalungtikan nu sumebar di sababaraha daérah di Amerika jeung sakuliah dunya. Nepi ka data ieu ditulis (2017), geus aya leuwih ti 18.000 jalma nu gawé pikeun NASA. Salian ti astronaut, ilmuan, jeung insinyur, aya sababaraha profesi lian nu gawé di NASA, saperti tanaga pangajar, pangacara, jsb.

NASA ngabagi lingkup gawé jadi 4 bagéan utama:

Aeronautik: 

Ngalakukeun rupa-rupa panalungtikan pikeun nyumponan paménta ti penerbangan, nu dipiharep ngahasilkeun téhnologi nu bisa kapaké lila sarta hadé pikeun lingkungan. Lian ti éta, ogé mekarkeun téhnologi révolusionér nu miboga mangpaat di luar widang aviasi.

Eksplorasi jeung Operasi ku Manusa: 

Fokus pikeun kagiatan Stasiun Luar Angkasa Internasional, ngembangkeun kamungkinan eksplorasi manusa di luar orbit Bumi, jeung penerbangan komersial ka angkasa.

Sains: 

Ngajalajah bumi, sistem tata surya, jeung alam dunya. Metakeun jalan nu pang hadéna pikeun panalungtikan kaharupna.

Téhnologi Luar Anngkasa 

Mekarkeun, nyieun inovasi, démonstarsi, jeung ngarancang téhnologi révolusionér nu gancang keur digunakeun dina sababaraha misi NASA mangsa datang.

Jejer nu aya hubungan jeung NASA

  • Astronot
  • Pesawat luar angkasa
  • Penjelajahan angkasa
  • Lomba angkasa
  • Wernher von Braun
  • Robert Gilruth, Chris Kraft, Gene Kranz (flight directors)
  • KC-135 Reduced Gravity Aircraft

Agensi angkasa lainnna

  • Canadian Space Agency
  • China National Space Administration
  • European Space Agency
  • Italian Space Agency
  • Indian Space Research Organisation
  • Japan Aerospace Exploration Agency
  • National Space Agency of Ukraine
  • Russian Aviation and Space Agency
  • Soviet space program (historical)
  • National Aerospace Laboratory, India
  • Deutsches Luft- und Raumfahrtzentrum, Jerman
  • QinetiQ, Inggris
  • ONERA, Perancis
  • CIRA, Italia
  • CNES, Perancis
  • INTA, Spanyol
  • FOI, Swedia
  • VZLU, Ceko
  • VKI, Belgia
  • NLR, Belanda
  • LAPAN, Indonesia
  • ANGKASAWAN,Malaysia
  • F-16,perancis

Tutumbu ka luar

Panalungtikann satuluyna

Rujukan

Citakan:National space programmes

Tags:

Nasa Tujuan Stratégis Nasa SajarahNasa Organisasi NASANasa Jejer nu aya hubungan jeung NASANasa Tutumbu ka luarNasa Panalungtikann satuluynaNasa RujukanNasaAmerika Serikat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

GoongPurwakantiKakawihanPilipinaMuwaqqitTémpéKepohCahya.auTahu SumedangRidwan KamilCarita pondokGatot MangkoepradjaGedoganJurudemungKabudayaan SundaKampung PuloReungit(439437) 2013 NK4PadaKudaSusi PudjiastutiWawangsalanMusikKeuyeupSuratBudak TimuTatarucinganAdonan (masak)Sultan Ageng TirtayasaParabelBalakbak1823HayamRokét caiBabak (téater)Kampung KutaMociGatot SoebrotoZaitunRarangkén N-TéhnologiRarangkén pi--eunCukangBaruang ka Nu NgaroraBeutiPendopoRumpakaGegetukSogunKota New YorkBabadGatrikDodolJunichiro Koizumi.thMuhammadMoroccoEpikInumanSurachman R.M.Globalisasi18702020Bandung Lautan ApiBéklenAgnéz MoSurabiRahmat M. Sas. Karana🡆 More