Purwakanti

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi.

Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Nilik kana perenahna, aya nu disebut purwakanti rantayan (ngajajar), purwakanti runtuyan (ngaruntuy antarpadalisan), sarta gabungan runtuyan jeung rantayan

    Pileuleuyan pileuleuyan 

Pileuleuyan pileuleuyan

Rupa purwakanti

Nurutkeun papasingan M. A. Salmun, purwakanti téh aya 10 rupa.

Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti chatibul umam atawa Frendi samudra antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

      diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
      disawang ti tukang lenjang (a, ang)
      ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

      Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
      ambek nyedek tanaga midek (e)
      kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
      lalaki langit lalanang jagat (i,i;a,a)

Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa Frendi samudra contona:

Contona:

      hirup-hurip hayuuu
      anjuk hutang
      ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa

Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh

Conto laraspurwa wianjana:

  1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
  2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
  3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

  1. palataran pasini pati
  2. sakadar sabrang salayan
  3. nu nyaksrak nyaliara
    ngaruksak ngaraksuk
    kaniaya kamanala
    mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Purwakanti larasmadya

Purwakanti larasmadya téh nyaéta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

      Sok hayang nyaba ka Bandung
      Sok hayang nyaho nanjakna
      Sok hayang nanya nu pundung
      Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

      Pecat sawed bati ewed
      tengah dalu ngan hanjelu
      mo humandeuar ku kadar
      teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit

Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.

Contona:

      Lain bangban lain pacing,
      lain kananga kuduna.
      Lain babad lain tanding,
      lain ka dinya aduna kitu deui

Purwakanti mindoan wekas

Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.

Contona:

      Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
      teu diturut ka carogé maling-maling
      carogéna keur goréng ulaheun ginding
      samping goréng bajuna teu maké kancing.

Purwakanti Mindoan Kecap

Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

      Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
      Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu

Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

      Sukingki haté sukingki
      sukingki paselup bungah
      Bungah kagiridig simpé
      Simpé awak talipurna
      talipurna manjing sirna
      sirna ringkang nu sakujur
      sakujur kadua rasa.

Rujukan

  1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999

Tags:

Purwakanti Rupa purwakantiPurwakanti RujukanPurwakantiKalimah (Basa Sunda)Kecap (Basa Sunda)Sora

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

WareguSistim koordinat géografiMaharPertambangan1682DramaLasunWawancaraLorisOrokAbah Andadinata1202Kapayang (hodgsonia)CilokSistem sirkulasiM.A. Salmun248BintinuHuma1659.zmDongéngNagara daulatKulawargaDéménsiaKota TasikmalayaHidrogénBabad PanjaluAmsterdamRaden KartawinataRetorik.hmBarusuhISO 3166-1PatromakEmbéGamelanPanalungtikanLebuGiziNovelTatangkalanMéksikoBandung TVDwi Bahasa19271931SiribUcing sumputSosiologiSistem Geodesi DunyaSapfo2000MojiAlissa Galliamova1920Michael CaineKoréa KidulRasuna SaidAn-NahlDNAHurang214OpieunAlfamartShania GraciaPrancisSolat🡆 More