1 Oktober

1 Oktober nyaéta poé ka-274 dina sataun (ka-275 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 91 poé.

1 2 3 4 5
6 7 8 9 10 11 12
13 14 15 16 17 18 19
20 21 22 23 24 25 26
27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1795 - Bélgia dijajah Perancis.
  • 1869 - Austria medalkeun kartu pos munggaran di dunya.
  • 1910 - Pausahaan otomotif Ford ngaluncurkeun mobil Modél T.
  • 1946 - Para pamingpin Nazi divonis di Pangadilan Nuremberg.
  • 1949 - Mao Zedong ngébréhkeun ngadegna Républik Rahayat Tiongkok.
  • 1958 - NASA, lembaga antariksa Amérika Sarikat, resmi operasi
  • 1960 - Nigéria merdéka ti Ingrris.
  • 1961 - DIA (Intelején Pertahanan Amérika) ngadeg.
  • 1961 - Kamérun Wétan jeung Kulon ngahiji jadi Républik Féderal Kamérun.
  • 1964 - Karéta peluru Jepang mimiti operasi; jalur munggaran ti Tokyo ka Osaka.
  • 1965 - Kajadian Gestok di Jakarta, genep jéndral TNI AD sénior jeung sawatara urang lianna dimaténi di Lobang Buaya waktu janari dina maksud kudéta nu disalahkeun ka Batalyon I (Tjakrabirawa) nu dianggap loyal ka PKI.
  • 1969 - Concorde mecahkeun halangan sowara pikeun mimitina pisan.
  • 1971 - Muhammad Ali ngéléhkeun Joe Frazier dina diadu boksen di Manila Pilipina.
  • 1977 - Pélé pangsiun ti dunya sépak bola.
  • 1982 - Sony jeung Phillips medalkeun Compact Disc di Jepang. Poé éta kénéh Sony medalkeun ogé model CDP-101, paranti muter compact disc.
  • 1985 - Israél nyerang markas PLO di Tunisia, dina naon anu disebut "Operasi Suku Kai".
  • 2000 - Panutupan Olimpiadeu Usum Panas 2000.
  • 2005 - Bom Bali 2005 nu ngabalukarkeun 26 urang palastra jeung mangrupa serangan térorismeu kadua di Bali saprak Bom Bali 2002.
  • 2014 - Microsoft ngarilis vérsi pramidang téhnis ti Windows 10 nu dipiwanoh kalawangngaran sandi Threshold.

Nu babar

  • 881 - William E. Boeing, insinyur Amérika nu nyieun Pausahaan Boeing, Detroit, Michigan, AS. (td. 1956)
  • 1893 - Ip Man, jago kung fu Tionghoa aliran Wing Chun, Fushan, Kwangtung, Tionghoa. (td. 1972).
  • 1895 - Liaquat Ali Khan, PM Pakistan munggaran, Punjab, India-Inggris. (td. 1951).
  • 1910 - Bonnie Parker, kriminil Amérika (td. 1934)
  • 1917 - Gesang, tukang ngawih keroncong, Surakarta, Hindia Walanda. (td. 2010).
  • 1924 - Jimmy Carter, présiden AS ka 39, Plains, Georgia, AS.
  • 1928 - Zhu Rongji, manten PM RRC, Hunan, Cina.
  • 1956 - Theresa May, manten PM Inggris Raya, Eastbourne, Sussex, Inggris.
  • 1966 - George Weah, béntang sépakbola Liberia, pajabat présidén Liberia ka-25, Monrovia, Liberia.
  • 1971 - Song Il-kook, aktor Koréa Kidul
  • 1980 - Sarah Drew, artis Amérika, Stoney Brook, New York, AS.
  • 1989 - Brie Larson, artis Amérika
  • 1991 - Via Vallen, tukang ngawih dangdut, Surabaya, Jatim, Indonésia.

Nu pupus

1965 - Jendral jeung perwira TNI AD korban Gestok di Jakarta:

  1. Letjen TNI Ahmad Yani (Menteri/Panglima Angkatan Darat/Kapala Staf Komando Operasi Tertinggi) (l. 1922).
  2. Mayjen TNI Raden Suprapto (Deputi II Menteri/Panglima AD bidang Administrasi) (l. 1920).
  3. Mayjen TNI Mas Tirtodarmo Haryono (Deputi III Menteri/Panglima AD bidang Perencanaan dan Pembinaan) (l. 1924).
  4. Mayjen TNI Siswondo Parman (Asistén I Menteri/Panglima AD bidang Intelijén) (l. 1918).
  5. Brigjen TNI Donald Isaac Panjaitan (Asistén IV Menteri/Panglima AD bidang Logistik) (l. 1925).
  6. Brigjen TNI Sutoyo Siswomiharjo (Inspektur Kahakiman/Oditur Jenderal Angkatan Darat) (l. 1922).
  7. Lettu Pierre Tendean (Ajudan Jenderal AH Nasution) (l. 1939).

Poé peré / poé pangingeut-ngingeut

  • Poé Jalma Kolot Intérnasional
  • Poé Kasaktén Pancasila

Tumbu luar

1 Oktober 

Tags:

1 Oktober Kajadian1 Oktober Nu babar1 Oktober Nu pupus1 Oktober Poé peré poé pangingeut-ngingeut1 Oktober Tumbu luar1 OktoberKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Adat1964DulangTatangkalanPeucangAksara Sunda BakuLionel MessiPenolih, Kaligondang, PurbalinggaIbing KusmayatnaMuriangOpakAsia KulonSendalZaitunYouTubeNingrum DjulaéhaPangaweruhLancah maungPatempatanBumi1859Susi PudjiastutiNagriAnginAbubakar JayadiningratKudaLampingBobokoKiswa WiriasasmitaGatot MangkoepradjaBabasan jeung paribasaPasantrénSMKS Telkom BandungKuda rénggongCoétMusikKaluaKota BogorDodolOngol-ongolTénjolaya, Cicaléngka, BandungKecap barangRampak SekarHirisMoroccoRarangkén N-Mantra SundaJaiponganKarédokSyawalMalariaKompas TVListrikMagatruPulusDurmaRarangkén pa-Kecap bilangan (basa Sunda)Paguyuban PasundanPerang Punik IJurudemungAparteménSérén taunPerang BubatHaremisSultan Ageng TirtayasaAtikanLénongJajangkunganInuman🡆 More