Kota Bogor: Kota di propinsi Jawa Barat, Indonésia

Bogor (resmina: Kota Bogor, baheula: Buitenzorg) nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Kulon di Indonésia.

Kota ieu dilingkung ku kabupatén anu ngaranna sarua, Kabupatén Bogor. Kota Bogor lokasina kira-kira 60 kilométer kiduleun ibu kota Indonésia, Jakarta. Bogor kawéntar minangka kota anu penting dina kagiatan ékonomi, élmu pangaweruh, budaya, jeung pariwisata.

Kota Bogor

ᮊᮧᮒ ᮘᮧᮌᮧᮁ
Liané transkripsi
 • Basa WalandaBuitenzorg
Ti luhur Ka handap: Istana Bogor, Tugu Kujang, Kebon Raya Bogor
Ti luhur Ka handap: Istana Bogor, Tugu Kujang, Kebon Raya Bogor
Bandéra Kota Bogor
Bandéra
Ségel resmi Kota Bogor
Ségel
Ngaran jujuluk: 
basa Indonésia: Kota Hujan Basa Inggris: Rain City
Motto: 
Basa Sunda: Dinu kiwari ngancik nu bihari seja ayeuna sampeureun jaga
Lokasi di Jawa Kulon
Lokasi di Jawa Kulon
NagaraBandéra Indonésia Indonésia
RégionalJawa
PropinsiKota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi Jawa Kulon
Sajarah KarésidénanKota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi Karésidénan Buitenzorg
Netep3 Juni 1482
Konsolidasi1 April 1905
(salaku Gemeente Buitenzorg)
Pamaréntahan
 • BadanPamaréntah Daérah Kota Bogor
 • WalikotaBima Arya Sugiarto
 • Wakil WalikotaDedie A. Rachim
Lega
 • Total118,5 km2 (45,8 sq mi)
Luhurna
265 m (869 ft)
Pangeusi
 (2021)
 • Total1,075,457
 • Kapadetan9,076/km2 (23,510/sq mi)
Démonim
Démografi
 • Grup étnis
 • Ageman
Zona wanciUTC+7 (Indonésia Bagéan Kulon)
Kode pos
16100 - 16169
Kode aréa(+62) 251
Régistrasi tutumpakanF
IPMKota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 0.761
Kacamatan panggedéna ku aréaKacamatan Bogor Kulon – 32.85 square kilometres (12.68 sq mi)
Kacamatan panggedéna dumasar populasiKacamatan Bogor Kulon (233,637 – 2020)
Ramatlokawww.kotabogor.go.id

Dina jaman patengahan, Bogor mangrupa ibu kota Karajaan Sunda kalawan ngaran Pakuan. Dina jaman panjajahan Walanda, Bogor nelah minangka Buitenzorg nu mangrupa padumukan pelesiran Gubernur Jéndral Hindia Walanda. Bogor mangrupa puseur administratif Hindia Walanda nalika dikawasaan ku Britania Raya dina awal abad ka-19.

Legana 118,5 km², jeung jumlah pangeusina 950.334 jiwa (2010). Bogor kasohor ku landihan minangka kota hujan, sabab curah hujan di Bogor mémang kacida gedéna. Kota Bogor kawengku ku 6 kacamatan, nu dibagi deui jadi 31 kalurahan jeung 37 désa.

Poé jadi Kabupatén Bogor jeung Kota Bogor dirayakeun unggal 3 Juni, sabab kaping 3 Juni 1482 mangrupa poé pangistrénan Prabu Siliwangi minangka Raja Karajaan Sunda Pajajaran.

Étimologi

Dina taun 1746, dumasar piwarang Gubernur Jéndral Gustaaf Willem van Imhoff, Istana Bogor, hiji pamukiman Walanda, jeung 9 pamukiman pribumi digabung kana hiji wewengkon administratif nu ngaranna Buitenzorg (basa Walanda pikeun "di luareun kapadulian" maksudna "tanpa hawatos"). Kira-kira dina waktos nu sarua, aya cutatan ngaran Bogor minangka ngaran wewengkon ieu anu disebutkeun dina laporan pamaréntahan ti 7 April 1752. Saterasna, ngaran éta dipaké minangka ngaran lian ti Buitenzorg. Kecap "bogor" dipercaya asalna ti kecap basa Jawa bogor anu hartina kawung (Arenga pinnata). Dina basa Sunda, kecap bogor hartina tangkal kawung nu enggeus teu leungeunan jeung carulukan deui. Kamungkinan lian asalna ngaran "Bogor" nyaéta kasalahan pangéjahan "Buitenzorg" ku masarakat lokal.

Sajarah

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Peta wewengkon Karajaan Sunda nu ibu kotana aya di Pakuan Pajajaran

Jaman pra-kolonial

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Peta Walanda anu némbongkeun lokasi Pakuan Pajajaran jeung Bogor (Buitenzorg).

Cutatan anu pangawalna ngeunaan kaayaan Bogor aya ti abad ka-5 Maséhi dina jaman Karajaan Tarumanagara, anu mangrupa salah sahiji nagara awal di wewengkon Indonésia modéren. Sanggeus sababaraha kali éléh ku tatanggana Karajaan Sriwijaya, Tarumanagara robah jadi Karajaan Sunda, sarta teras dina taun 669, ibu kota Sunda diwangun di antara Walungan Ciliwung jeung Cisadane. Ngaran ibu kotana nyaéta Pakuan Pajajaran, anu dina basa Sunda Kuna hartina téh "tempat di antara dua [walungan] sajajar", anu ahirna jadi awal ti Bogor ayeuna.

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Prasasti nu umurna 1600 taun ti jaman Karajaan Tarumanagara.

Dina sababaraha abad salajengna, Pakuan Pajajaran jadi salah sahiji ti kota anu panggedéna di Indonésai jaman patengahan, kalawan jumlah pangeusi nepi ka 48.000 jiwa. Ngaran "Pajajaran" teras dipaké pikeun ngaran karajaan, sarta ibu kotana maké ngaran "Pakuan". Carita ti jaman éta dicutat dina basa Sangsakerta nu dipaké dina kagiatan kanagaraan jeung kaagamaan, ditulis ngagunakeun aksara Palawa, dina batu prasasti. Prasasti anu dipanggih di Bogor jeung sakurilingna boga wangun jeung gaya panulisan anu béda jeung prasasti ti Indonésia lianna.

Dina abad ka-9 nepi ka abad-15, ibu kota Pajajaran dipindahkeun ti Pakuan ka kota-kota lian di Pajajaran, tapi ahirna dibalikkeun deui ka Pakuan ku Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja) dina 3 Juni 1482 – dinten pangistrénan anjeunna. Saprak 1973, kaping éta digunakeun minangka poé jadi resmi Kota jeung Kabupatén Bogor.

Dina taun 1579, Pakuan méh ancur sarta dikawasaan ku pasukan Kasultanan Banten, nutup carita ayana Nagara Sunda. Pakuan teras dikosongkeun jeung heunteu dieusian pikeun sababaraha dékade salajengna.

Jaman kolonial

VOC

Dina saparo kadua abad ka-17, wewengkon Pakuan jeung raloba wewengkon di Jawa Kulon, anu resmina aya dina Kasultanan Banten, saeutik-saeutik dipindahkeun ka kakawasaan Sarikat Dagang Hindia Wétan Walanda (Basa Walanda: 'Vereenigde Oostindische Compagnie', VOC). Pamindahan kakawasaan ieu sacara resmi ditandaan ku hiji pasataujuan dina 17 April 1684 antawis Putra Makuta Kasultanan Banten jeung VOC.

Pamukiman kolonial anu kahiji di Pakuan nyaéta kémahna Létnan Tanuwijaya, urang Sunda anu pagawé VOC anu dikintun taun 1687 pikeun ngawangun wewengkon Pakuan. Kémah éta diruksak ku ngabeledugna Gunung Salak dina 4–5 Januari 1699. Tapi, leuweung anu kadurukna nyababkeun raloba wewengkon kabuka anu bisa dipaké pikeun rancangan diwangunna sawah jeung kebon kopi. Sababaraha pamukiman tatanén teras diwangun di Pakuan, anu panggedéna ngaranna Kampung Baru. Dina taun 1701, pamukiman-pamukiman éta digabung jadi hiji wewengkon administratif. Tanuwijaya dipilih minangka kuwuna, ku kituna anjeunna dianggep minangka panaratas Kabupatén Bogor kiwari.

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Istana Bogor dina taun 1907 nalika masih mangrupa padumukan Gubernur Jéndral Hindia Walanda.

Wewengkon administratif éta saterasna dimekarkeun dina hiji misi ti Walanda taun 1703 nu dipingpin ku Abraham van Riebeeck (Inspéktur Jéndral VOC, putrana Jan van Riebeeck nu ngawangun Cape Town; jagana anjeunna janten Gubernur Hindia Walanda). Ékspedisi van Riebeeck nalungtik kana paninggalan sajarah ti Pakuan, manggih sarta ngidéntifikasi loba artefak arkéologi, saperti prasasti. Diwangun ogé sababaraha wangunan pikeun pagawé VOC. Wewengkon ieu jadi perhatosan Walanda ku posisi géografisna sarta kaayaan iklimna, anu leuwih raoseun ti Batavia nu keur éta mangrupa puseur administratif Hindia Walanda.

Dina taun 1746, dumasar piwarang Gubernur Jéndral Gustaaf Willem van Imhoff, Istana Bogor, hiji pamukiman Walanda, jeung 9 pamukiman pribumi digabung kana hiji wewengkon administratif nu ngaranna Buitenzorg (basa Walanda pikeun "di luareun kapadulian" maksudna "tanpa hawatos"). Buitenzorg tumuwuh gancangna dina ahir abad ka-18 nepi ka awal abad ka-19. Tumuwuhna Bogor sabagian ogé disababkeun ku pangawasaa saheulaan Hindia Walanda ku Britania Raya dina taun 1811–1815. Britania ngeusian Jawa jeung Kapuloan Sunda lianna sangkan ngaheulaan pangawasan ku Perancis nu jagana ngawasaan Walanda. Pupuhu administrasi nu Britania, Stamford Raffles, mindahkeun puseur administrasi ti Batavia ka Buitenzorg sarta ngalaksanakeun téhnik pamaréntahan nu leuwih éfisién.

Kakawasan Karajaan Walanda

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Pamandangan Gunung Salak ditempo ti Kebon Raya Buitenzorg taun 1920-an.

Sanggeus Buitenzorg dibalikkeun deui ka Walanda, Karajaan Walanda enggeus nyekel kadali Hindia Walanda ti VOC. Istana Buitenzorg dipulihkeun deui minangka padumukan pelesiran Gubernur Jéndral. Hiji kebon raya diwangun di deukeutna istana dina taun 1817, nu mangrupa kebon raya anu panggedéna sadunya dina abad ka-19.

Dina 10 Oktober 1834, Buitenzorg diruksak ku ngabituna Gunung Salak anu disababkeun ku hiji lini. Ku lantaran tingkat aktivitas séismologi wewengkon Buitenzorg, istana jeung wangunan administrasi nu diwangun dina taun 1840–1850 diwangun leuwih pondok tapi leuwih kiat ti batan anu diwangun saméméh ngabituna Gunung Salak.. Kawijakan Gubernur taun 1845 nerangkeun pamukiman urang Éropa, Cina, jeung Arab di Buitenzorg nu kapisah.

Dina taun 1904, Buitenzorg sacara resmi jadi puseur administratif Hindia Walanda. Tapi, kagiatan pamaréntahan utamina tetep aya di Batavia, nu miboga kalobaanana kantor administrasi jeung kantor utama gubernur. Status ieu dihupus ku parobahan dina taun 1924, anu ngabagi Hindia Walanda ka sababaraha propinsi, di mana Buitenzorg minangka puseurna Propinsi Jawa Kulon.

1942–1950

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Pesawat Walanda ngapung di luhureun Buitenzorg dina awal Perang Dunya II.
Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
R. A. A. Muharram Wiranatakusuma, présidén Nagara Pasundan jeung sekertaris anjeunna di Bogor, 1948

Nalika Perang Dunya II, Hindia Walanda dikawasaan ku Jepang, mimiti 6 Maret 1942 nepi ka Agustus 1945. Minangka bagian ti usaha Jepang pikeun pamikiran nasionalisme (anti-Walanda) dina masarakat kota, Buitenzorg diganti ngaranna ka nu basa Indonésiana, Bogor.

Dina 17 Agustus 1945, proklamasi kamerdikaan Indonésia dilaksanakeun, mawa Bogor jeung wewengkon Hindia Walanda lianna kaluar ti kakawasaan Jepang jeung Walanda. Dina Pébruari 1948, Bogor diasupkeun ka Nagara Jawa Kulon, anu diganti ngaranna dina April 1948 ka Nagara Pasundan. Nagara Pasundan dijieun ku Walanda dina usahana ngarobah urut jajahanna di Hindia Walanda ka féderasi depénden. Dina Désémber 1949, Pasundan ngagabung ka Républik Indonésia Sarikat (RIS) nu dijieun ti Konferénsi Méja Bundeur 23 Agustus – 2 Nopémber 1949. Dina Pébruari 1950, akibat ti éléhna Pasundan dina konflik militér jeung Républik Indonésia, Bogor jadi bagian ti Indonésia, anu disahkeun dina Agustus 1950, sarta ngaranna sacara resmi disebut Bogor.

Minangka bagian ti Indonésia

Minangka bagian ti Indonésia merdika, Bogor miboga lakon penting dina pamekaran budaya, élmu, jeung ékonomi nagara jeung Jawa Kulon – utamina dirojong ku infrastruktur ti jaman panjajahan. Hal ieu dirojong ku dirobahna istana gubernur jéndral ka salah sahiji istana kaprésidénan Indonésia./> Dina taun 1990-an nepi ka 2000-an, Kota Bogor sababaraha kali dipaké minangka tempat dilaksanakeunana acara internasional, saperti panglawungan mentri-mentri ti hiji organisasi Asia-Pasifik sarta panglawungan APEC dina 15 Nopémber 1994.

Géografi

Walungan Ciliwung (kénca) jeung Walungan Cisadané (katuhu) nu ngaliwatan Bogor.

Kota Bogor aya di beulah kulon Pulo Jawa, kira-kira 53 km kiduleun ibu kota Indonésia, Jakarta, jeung 85 km kalér-kuloneun ibu kota Propinsi Jawa Kulon, Bandung. Bogor aya di basin struktural di deukeut Gunung Salak, nu puncakna kira-kira 12 km ka kidul, sarta Gunung Gede kalawan puncakna 22–25 km kidul-wétaneun kota. Tingkat kaluhuran rata-rata nyaéta 265 méter, pangluhurna 330 m, panghandapna 190 méter, luhureun beungeut laut. Lega wewengkon kalawan kamiringan taneuhna nyaéta: 17,64 km² aya dina kamiringan 0–2°, 80,9 km² 2°-15°, 11 km² 15°-25°, 7,65 km² 25° 40°, sarta 1,20 km² leuwih ti 40°. Bagian kalér rélatif rata samentara di beulah kidul mangrupa papasiran.

Kaayaan taneuh di Kota Bogor umumna mangrupa batuan sédimén vulkanik. Kalawan sababaraha gunung seuneu aktif di deukeutna, wewengkon Kota Bogor miboga kamungkinan luhur ditarajang ku lini. Lega rohang kabuka héjo nyaéta 205.000 m², 87.000 m²-na nyaéta Kebon Raya Bogor, 19.400 m² kasebar di 35 taman, 17.200 m² di 24 balukar jeung leuweung leutik, sarta 81.400 m² mangrupa tegalan.

Sababaraha walungan ngaliwatan Kota Bogor. Anu panggedéna nyaéta Walungan Ciliwung jeung Cisadane. Walungan anu leuwih leutik di antarana Cipakancilan, Cidepit, Ciparigi, jeung Cibalok, diwatesan ku beton di sababaraha tempat. Aya ogé sababaraha talaga upamana Talaga Burung jeung Talaga Gedé, kalawan lega sababaraha héktar. Walungan jeung talaga ngawengku 2,89% ti luas kota.

Kota Bogor wawatesan jeung Kacamatan Kemang sarta Kacamatan Dramaga di kulon, Kacamatan Cijeruk sarta Kacamatan Caringin di kidul, Kacamatan Sukaraja sarta Kacamatan Ciawi di wétan, jeung Kacamatan Sukaraja, Kacamatan Bojong Gedé, sarta kacamatan Kemang di kalér, sadayana mangrupa bagian ti Kabupatén Bogor.

Iklim

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Hujan di hiji jalan di Bogor. Poto ieu dicandak nalika halodo.

Iklim di Kota Bogor mangrupa iklim katulistiwa. Iklimna ogé rélatif leuwih baseuh ti wewengkon lian di Jawa Kulon. Tingkat beueus rélatif aya dina 72-96% kalawan curah hujan rarata taunan nyaéta 496,54 mm. Jumlah curah hujan per taun aya anu leuwih ti 4500 mm/taun di sababaraha tempat saperti sabagian wewengkon di Sindangbarang jeung Loji, Bogor Barat. Raloba hujan lumangsung di bulan Désémber nepi ka Pébruari. Ku kaayaan cuaca ieu, Bogor sok dilandi "Kota Hujan". Rarata suhu maksimum nyaéta 31,7 °C samentara rarata suhu minimum nyaéta 22,9 °C.

Data iklim pikeun Kota Bogor
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 30.9
(87.6)
30.3
(86.5)
31.8
(89.2)
32.6
(90.7)
32.4
(90.3)
30.3
(86.5)
31.7
(89.1)
32.5
(90.5)
32.5
(90.5)
33.1
(91.6)
32
(90)
30.7
(87.3)
31,73
(89,12)
Rarata panghandapna °C (°F) 22.5
(72.5)
22.9
(73.2)
23
(73)
23.2
(73.8)
23.1
(73.6)
22.9
(73.2)
22.2
(72)
21.4
(70.5)
22.3
(72.1)
22.4
(72.3)
26.1
(79)
23.1
(73.6)
22,93
(73,27)
Curah hujan mm (inches) 433.3
(17.059)
806.4
(31.748)
754.9
(29.72)
758.2
(29.85)
365
(14.37)
363.1
(14.295)
280.9
(11.059)
529
(20.83)
521.3
(20.524)
560.6
(22.071)
309
(12.17)
276.8
(10.898)
5.958,5
(234,587)
% Kalembaban 86.5 90 85.5 86 87.5 90 84.5 76 82 79 87.5 84.5 84,92
Rarata poé présipitasi (≥ mm) 28 14 28 11 18 14 14 26 28 23 22 22 248
Sumber: Kota Bogor dalam Angka 2010, 2011. Data dicandak di Kebon Raya Bogor

Démografi

Dumasar sénsus pangeusi Indonésia taun 2010, Kota Bogor dieusian ku 950.334 jiwa. Rarata kapadetan populasi nyaéta 54.799 jiwa per km²; anu pangluhurna aya di Semplak dina 24.666 jiwa per km² samentara anu panghandapna aya di Kertamaya dina 1.589 jiwa per km².

Taun 1956 1961 1971 1981 2000 2010
Pangeusi 124.000 154.000 195.142 246.946 750.819 950.334
Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Budak sakola nalika Upacara Kamerdikaan Indonésia taun 2013 di Lapangan Sempur, Kota Bogor.

Dumasar angka taun 2011, jumlah kalahiran nyaéta 102 per 10.000 urang, samentara jumlah maot nyaéta 41 per 10.000 urang. Tina data nu sarua, 13.869 urang datang sarta 18.588 urang pindah kaluar kota. 51,013% pangeusi mangrupa lalaki sarta 48,987% awéwéw. 28,13% pangeusi yuswana di handapeun 15 taun, 68,65% yuswana 15–65 taun, samentara 3,22% di luhureun 65 taun. Perkiraan taun 2005 pikeun angka harepan hirup nyaéta 71,8 taun, anu mangrupa angka pangluhurna sa-Jawa Kulon.

Kalobaanana pangeusi (87%) nyaéta urang Sunda. Séké-sélér lianna di antarana urang Jawa, Cina, Arab, jeung étnis campuran. Umumna masarakat tiasa nyarios dina basa Indonésia – basa resmi nagara. Basa Sunda ogé dipaké dina kahirupan sapopoé, diajarkeun di sakola-sakola, sarta tiasa ogé dipaké dina acara-acara saperti dina biantara walikota nalika Poé Jadi Kota Bogor taun 2010 . Dialék basa Sunda anu dipaké ku urang Bogor sacara umum béda jeung basa Sunda klasik.

Agama

Kalobaanana pangeusi (92,78%) ngagem Islam. Sababaraha garéja ogé aya di Kota Bogor, kitu ogé komunitas Budda, Kong Hu Cu, jeung Hindu.

Pangeusi Kota Bogor Dumasar Agama (Sénsus 2010)
Agama Pangagem Perséntase (%)
Islam 881.721 92,78%
Kristen 36.506 3,84%
Katolik 18.721 1,97%
Budda 7.506 0,79%
Hindu 1.250 0,13%
Kong Hu Cu 596 0,06%
Lianna 75 0,01%
Heunteu kajawab 1.978 0,21%
Heunteu ditarosan 1.981 0,21%

Pamaréntahan

Kota Bogor: Étimologi, Sajarah, Géografi 
Lambang Kota Bogor

Kota Bogor dilingkung ku Kabupatén Bogor nanging mangrupa unit pamaréntahan anu kapisah mangrupa kota. Kota Bogor miboga 6 kacamatan kalawan 68 kalurahan.

Kacamatan di Bogor.
Ngaran Lega (km²) Populasi Jumlah kalurahan
Bogor Selatan 30,81 184.336 16
Bogor Timur 10,15 96.617 6
Bogor Utara 17,72 173.732 8
Bogor Tengah 8,13 102.145 11
Bogor Barat 32,85 214.826 16
Tanah Saréal 18,84 195.742 11

Kota Bogor dipingpin ku saurang walikota anu dipilih unggal 5 taun, sareng wakilna. Baheulana, walikota dipilih ku pamaréntah propinsi. Bima Arya janten Walikota Bogor kapilih dina pamilihan walikota panganyarna dina 14 Séptémber 2013. Anjeunna ngawitan kalungguhan kaping 7 April 2014. Kakawasaan législatif aya dina Déwan Perwakilan Rahayat Daérah (DPRD) anu miboga 45 korsi pikeun anggota déwan anu dipilih unggal 5 taun. 9 partéy pulitik dina 5 fraksi aya dina komposisi DPRD hasil pamilihan umum taun 2009.

Lambang Kota Bogor mangrupa taméng bantara kalawan dasar anu seukeut jeung rasio panjang-rubak 5:4. Beulah jerona dibagi kana 4 bagian lambang. Di kénca luhur aya Manuk Dadali warna konéng emas anu mangrupa lambang nagara, di katuhu luhur aya Istana Bogor warna pérak, di kénca handap aya Gunung Salak kalawan 4 puncakna, sarta di katuhu handap aya kujang nu mangrupa perlambang Kota Bogor minangka pusaka ti Karajaan Pajajaran. Sadaya bagian lambang éta aya di handapeun tulisan "KOTA BOGOR".

Tempat-tempat Wisata

Kota kembar

Rujukan

Tumbu Luar

Tags:

Kota Bogor ÉtimologiKota Bogor SajarahKota Bogor GéografiKota Bogor IklimKota Bogor DémografiKota Bogor PamaréntahanKota Bogor Tempat-tempat WisataKota Bogor Kota kembarKota Bogor RujukanKota Bogor Tumbu LuarKota BogorIndonésiaJakartaJawa KulonKabupatén BogorPropinsi di Indonésia

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kepoh5 NopémberMaudy AyundaParabel.gsPasantrénSato1823GoongHateupKarajaan SriwijayaParanjéAreuy kidangBasa PolandiaDongéngRajahCoétDurmaKaluaBiantaraKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarBloggerAlkésahYudistiraCaahKaulinan budak SundaMusikCalingcingBubur beureumWartaGatot SoebrotoSawalaIndonésiaJatayuDiksiJeujeurAs ShoffTapak limanHaremisAyip RosidiOpieunRhoma IramaMagmaCut Nyak DhienKomputerDiponegoroRarangkén -naMotorKuwaitGodi SuwarnaKarajaan NgahijiNyiruMahabarataWancahanEuis KomariahTelevisiRuntahBarusuhSutradaraBalongSusi PudjiastutiKumeli jawaSisingaanSiti Hardijanti RukmanaSahadat buhunListrikBoluBobokoKarangan🡆 More