Beluk: Seni Sunda

Beluk nyaéta tembang Sunda wangun pupuh maké lagu buhun sorana ditarikeun sarta dikelewengkeun patémbalan biasana lalaki.

Urang Sunda geus kasohor karukunanna lamun tatanggana aya nu orokan lilana noron 40 peuting waktuna ti bada Isa. Seni beluk dipidangkeun ku sababaraha jalma opat nepi ka salapan jalma anu dipingpin ku juru ilo minangka dalang anu macakeun sair, pada, anu aya dina naskah anu wangunna wawacan (carita anu ditulis dina wangun sajak dangding, biasana Pégon Arab Sunda sarta temana Islam.

Beluk: Seni Sunda
pintonan beluk di Bandung


Nada anu dipaké dina seni beluk biasana nada jangkung, ku sabab kitu merlukeun kaparigelan anu tangtu. Hal ieu anu nyababkeun seni beluk jarang katembong sabab euweuh penerusna. Aya ogé tembang anu dihaleuangkeun nyaéta saluyu jeung anu aya dina naskah saperti asmarandana, sinom,dangdanggula, jeung kinanti. Tiap pupuh miboga karakter anu husus. Kasenian beluk dipagelarkeun waktu peuting dina aya acara babar, parasan, atawa sundatan atawa kawin nu tempatna di ruang hareup, atawa tepas anu ku damar jeung teplok. Maké kaén sarung sarta sila pikeun reureuh. Ari nu bogaeun hajat nyuguhna kadaharan minangka miceun hanaang.

Upama nu ngadéngékeun geus mimiti tunduh, nu ngabeluk sok ngahaja méngparkeun padalisan anu ditembangkeunna sangkan salah. Misalna juru ilo macakeun padalisan "aya raja ngalalana", ditembangkeun jadi "aya raja teu dicalana". Tujuanna sangkan nu ngadéngekeun téh leungit tunduhna.

Sumber

Beluk: Seni Sunda 

Tags:

DalangDangdingIslamPupuhSajakSundaWawacan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

EmbéAfrika KalérOncomBabadKolombiaBébénténganLampingGosaliRandamidangHadi AKSJamaikaKanyéré14 MéiHak ciptaTaunTomcatOWartaResép dokterSondahKleponPamohalanPamass UnpadReboTaufik HidayatGula beureumAgum GumelarUsum halodo17 OktoberBeyonceGolodogIndonésiaRamatlokaMungkaldatar, Ciniru, KuninganGending karesménTarumanagaraHandeuleumKecap rajékan (basa Sunda)Béas ketanDongéngItilDaptar istilah pakarang satoGegetukBaskin-RobbinsPuisi sundaSarung leungeun(483408) 1999 TZ4PupujianJatayuHajiFotoUtah27 SéptémberÉléktromagnétismeKurasoJudul2010Patempatan1936WikipediaJurudemungWajitSeni PintonanKihkirBasa ItaliaUbarBoéhPapua NuginiSultan Ageng TirtayasaPrancis🡆 More