Kanyéré

Kanyéré (Bridelia stipularis) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina genus Bridelia.

Kanyéré
Kanyéré
Daun jeung buah kanyéré
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Ordo:
Malpighiales
Kulawarga:
Phyllanthaceae
Tribus:
Bridelieae
Génus:
Bridelia
Spésiés:
B. stipularis
Ngaran binomial
Bridelia stipularis
(L.) Blume
Sinonim
  • Bridelia dasycalyx Kurz
  • Bridelia dasycalyx var. aridicola Kurz
  • Bridelia scandens (Roxb.) Willd.
  • Bridelia stipularis var. ciliata Gehrm.
  • Bridelia stipularis subsp. philippinensis Jabl.
  • Bridelia zollingeri Miq.
  • Clutia scandens Roxb.
  • Clutia stipularis L.
  • Ziziphus racemosa Wall.

Jangkungna bisa nepi ka 8–20 méter anu hirup di daérah tropis jeung subtropis di sisi basisir. Daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar nyeri beuteung. Tangkal kanyéré asalna tina kulawarga Phyllanthaceae.

Pedaran

Tangkal kanyéré mibanda sababaraha rupa spésiés di antarana :

  • Bridelia insulana (Sinonim : Bridelia minutiflora, Bridelia penagiana, Bridelia subnuda)
  • Bridelia stipularis
  • Bridelia tomentosa (sinonim : Bridelia glabrifolia; Bridelia lancifolia; Bridelia monoicis).

Kanyéré mibanda ngaran daérah/vernakular saperti di Malaysia disebut kenidai, kenidai babi, cenderai gajah, samak jambu. Di Indonésia mah kanyéré téh katelah Kandri kebo, kanyéré aroi, koto-koto, jeung kutu kebo.

Ciri mandiri

Tangkal kanyéré bisa hirup nepi ka jangkung 18 méter tur mibanda buleudan tangkal nepi ka 9 méter. Kai tangkal kanyéré mah sanajan teuas tapi leuleus tur liat. Kapanggih hirup di Malaysia, Vietnam, ogé Thailand. Daunna lonyod kelirna héjo, méncos ka tungtungna ukuran 12 cm x 6.2 cm pucuk daun anu kakara bijil kelirna gandaria. Buah laleutik kelirna héjo hérang bijil sapasang tina tangkal deukeut cupat daun, cupat kembangna parondok, panjang kembang ngan 1 mm, benang sari nyelap leutik di jerona, kelirna semu héjo tur di luhurna semu gandaria. Buahna leutik,lonyod tingtungna méncos.

Kagunaan

Ditempo dina farmakologisna tina ieu genus geus ditalungtik sanajan tacan dipaluruh leuwih jero, mibanda sipat antiinflamasi, antimikroba. Tapi dalah ti kitu ieu tangkal geus heubeul dimangpaatkeun pikeun ubar herbal anu mibanda rupa-rupa kagunaan. Di India ieu tangkal ngahaja dipelak anu dimangpaatkeun pikeun meresihan huntu ogé ngubaran rupa-rupa panyakit séjénna anu aya disabudeureun baham. Daunna ogé bisa digodog tuluy diinum caina bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit mah (maag) atawa nyeuri beuteung. Pikeun ubar luar daunna bisa dibebek nepi ka lembut tuluy ditaplokeun kana reheut atawa bareuh, akarna bisa digodog tuluy diinum caina pikeun ubar nyareri awak atawa cararangkeul. Baheula mah buah kanyéré téh dipaké kaulinan barudak, pikeun pélor susumpitan anu dijieun tina awi atawa tamiang gedéna mah kurang leuwih sagedé curuk atawa patlot panjangna sabuku. Dipaké ogé pikeun pélor pepeletokan anu dijieun tina solobong awi.

Tutumbu kaluar

Daftar pustaka

Dicutat tina


Kanyéré 

Tags:

Kanyéré PedaranKanyéré Ciri mandiriKanyéré KagunaanKanyéré Tutumbu kaluarKanyéré Dicutat tinaKanyéréBasisirBeuteungGenusMéterSubtropisTangkalTropisUbar

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Kalua.auRahmatullah Ading AffandieHumaCépotBébénténganRagiAdat NikahKirataSaréWirangrongGamelanKancraᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮘᮊᮥWarnaSuisAmanat dina Napas PanungtunganPeucangBangbaraGula kawungListrikPaparikanKecap sulurRisolesKeuyeupBiantaraKentangAustraliaRakitan lantipKi UmbaraTongoChūya NakaharaRarangkén di-Kecap rundayan (basa Sunda)SintungKulawargaSolatTandukBayawakArkéologiBabak (téater)CacandranAbonWawacan Layang Syékh Abdul Qodir JaélaniAustriaTepasAli agremWancahanDulangAkarPayungSiti Hardijanti RukmanaTalenanAsinan2007 RT1Tahu SumedangHayamPakasabanKaso beuritLambakKecap bilangan (basa Sunda)Kecap kantétan (basa Sunda)HawuRarangkén barungNgaran urang SundaAsangPerjangjian internasionalSeni PintonanInumanzhcn8NovelKartiniSatelit Komunikasi🡆 More