Cipati

Cipati atawa santen (basa Indonésia: santan; Basa Inggris: coconut milk) nyaéta cai nu asalna tina parudan kalapa kolot meunang ngabutik. Kakentelan jeung rasa santen mibanda ciri nu mandiri kalawan minyakna euyeub nu lolobana mah mangrupa lemak jenuh.

Cipati mangrupa bahan olahan anu kawentar tur umumna digunakeun di Asia Kidul Wétan, Karibia, jeung Amérika Kidul lebah kalér.

Cipati
Cipati
Wewengkon atawa nagaraDaérah tropis
Bahan utamaKalapa
Cipati Cookbook:Cipati  Cipati Cipati

Maksud

Cipati mah lain cai kalapa da cipati mah leuwih kentel jeung lésang, alatan euyeub kandungan minyakna téa. Ari cai kalapa ayana di jero kalapana langsung nu cirina hérang jeung euweuh minyakan.

Tatahar

Cipati 
Marud kelapa pikeun ngabeunangkeun cipati segar

Cipati mun sacara tradisional mah dihasilkeun ku cara marud maké parudan kaléng. Kalapa beunang ngabutik digasrokkeun kana parudan sangkan daging kalapa téh jadi bubuk nu lemes. Kiwari prosés marud lain ukur maké parudan wungkul, tapi bisa ogé maké cara praktis nu leuwih modérn nyaéta maké mesin parud . Cipati kabagi jadi wandana aya dua, aya anu kintel jeung aya nu cair. Nu kintel mah ngandung 20-22% lemak, ari nu cair mah ngandung 5-7% lemak. Cipati nu kintel mah sanggeus bérés marud téh langsung geredeg dirames ditilaman ku lawon karancang sangkan cipatina kaluar teu kabawa bukurna. Ari cipati nu cair mah, hasil cipati anu kintel téh dicampuran ku cai deui sangkan teu kintel teuing. Malah mah sabot keur meureutna téh sok dicampuran ku cai. Hasil tina peureutan cipati téh hampasna sok dijadikeun bahan kaolahan deui, utamana palengkep kadaharan séjén. Kagiatan kawas kieu téh teu dipikawanoh di nagara kulon mah, lantaran ilaharna cipatina téh beunang meuli, cipati instan, lain beunang nyieun sorangan.

Cipati téh ngandung lemak 24% kalawan gumantung kana kadar lemak daging kalapa jeung jumlah cai nu ditambahkeun. Waktu diingkeun, krim kalapa bakal naék ka luhur sarta papisah jeung cipatina. Pikeun  nyingkahan ieu perkara, mangka cipati jualeun mah sok ditambahan zat émulsi jeung zat sangkan stabil.

Cipati instan

Cipati 
Cipati instan

Pabrik cipati instan biasana dicampuran ku susu cair, susu bubuk, jeung cai minangka pangeusina. Gumantung kana mérk jeung tanggal kadaluwarsana, kajadian misahna cipati jeung krimna sakapeung mah sok aya nu merlukeun batan cipatina. Sawatara mérk nu dijual di nagara-nagara kulon mah nambahkeun zat pangintel atawa pangémulsi pikeun nyingkahan cipati sangkan teu misah jeung krimna lamun dina kemasan kaléng.

Kulinér

Dahareun

Cipati 
Surabi nu dijieun tina cipati jeung tipung béas

Cipati bisa dikonsumsi sorangan atawa minangka gaganti susu dina ci entéh, kopi, jeung kuéh. Ieu téh bahan nu ilahar dipaké dina variasi kaolahan nagara-nagara tropis jeung Asia, boh pikeun kari, boh samara lianna. Wuduk salah sahiji kadaharan nu dicipatian, ilahar dikonsumsi di Asia Tenggara jeung Karibia.

Inuman

Cipati 
Cendol nu dicipatian, rasana jadi legit.

Di Asia Tenggara, santen dipaké pikeun nyieun sarupaning kainuman traditional. Salah sahijina céndol nu geus kakoncara, ieu kainuman téh disuguhkeun tiis-tiis bari eusina téh nyaéta bukur geunyal nu dijieun tina tipung béas, digalokeun jeung cipati ogé gula beureum cair. Cipati ogé dipaké dina kainuman nu panas kayaning bandrék jeung bajigur. dpakéna cipati kana kainuman gé ilahar di nagara populer di Tiongkok Kidul jeung Taiwan.

Nutrisi

Dina porsi 100 mililiter (g), cipati ngandung 230 kalori jeung 68% cai, 24% lemak total, 6% karbohidrat, jeung protéin 2%. Komposisi lemakna 21 gram lemak jinuh, satengahna mah mangrupa asam laurat.

Cipati mah sumber mangan nu euyeub (20% atawa leuwih ti Niléy Poéan, DV) (44% DV) jeung sumber nu nyukupan (10-19% DV) fosfor, beusi, jeung magnésium, tanpa nutrisi lian dina kandungan nu signifikan..

Mangpaat kaséhatan

Salah sahiji hal anu pangpunjulna tina ieu cipati téh nyaéta mangpaat minyak keletik, ieu diaku ku organisasi-organisasi kaséhatan dunia kayaning Food and Drug Administration Amérika Sarikat, Organisasi Kaséhatan Dunya, International College of Nutrition, Department of Health and Human Services Amérika Sarikat, American Dietetic Association, American Heart Association, National Health Service Britania Raya, sarta Dietitians of Canada. Loba jalma nu nyingkahan ngonsumsi cipati dina kadar nu loba alatan luhurna tingkat lemak jinuh. Konsumsi cipati nu kaleuleuwihi bisa ngaronjatkeun kadar koléstrol dina getih lantaran lobana jumlah asam laurat, lemak jinuh nu ngontribusi kana koléstrol darah nu leuwih luhur kalawan ningkatkeun kadar koléstrol lipoprotein high-density.

Hortikultura

Taun 1943, kapanggih yén cipati bisa sacara aktif ngarojong kana tumuwuhna pepelakan. Sanajan loba faktor nu ngaitkeun cipati jeung tumuwuhna pepelakan, ari panyebab utamana mah nyaéta ayana sitokinin nu dipikawanoh ku zeatin nu dipanggihan dina cipati. Sedengkeun zéatin dina cipati ngagancangkeun kana tumuwuhna pepelakan, iwal kana sawatara pepelakan tinangtu kawas lobak.:8 Ngan, lamun 10% cipati ditambahkeun ka substrat tempat nu mana gandum tumuwuh, ropéan substansial geus nyerep.

Tempo ogé

  • Krim kalapa
  • Cai kalapa
  • Daptar kaolahan ngagunakeun cipati
  • Kalapa

Rujukan

Tutumbu luar

  • Cipati Citakan:Commons inline

Tags:

Cipati MaksudCipati TataharCipati KulinérCipati NutrisiCipati Mangpaat kaséhatanCipati HortikulturaCipati Tempo ogéCipati RujukanCipati Tutumbu luarCipatiAmérika KidulAsia Kidul WétanBasa IndonésiaBasa InggrisCaiKalapaKaribiaLemak

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Républik Démokratik KongoSiaranKumis ucingKecap rajékan (basa Sunda)Jalan tolMalukuSunamiLambakCebrengIqroBacharuddin Jusuf HabibiePamaliParahuluPorogDyah Pitaloka CitraresmiKendangDogdog PangréwongGuguritanKarya IlmiahGegetukPakeman basaOpat kalima pancerNajisSajarah SundaHawuBelukDiksiBuraholNovelHadi AKSRampak SekarCalingcingLionel MessiSawérPeucangCacaiWikiPakarangPupukPaleolitikumAyip RosidiHirupDramaPrabu KéansantangIngon-ingonDiponegoroBandrosPropinsi SyunikWawacan Layang Syékh Abdul Qodir JaélaniBaligoBangbaraSandiwaraSunan Gunung JatiVitaminRaisaCipatiSaréJamaikaRarangkén di-An-Nisa' (Surat)Borobudur, MagelangPattimuraKalimah (basa Sunda)Rakitan lantipJeujeurPaninggaranFosilPrabu SiliwangiCaturanggaHunyurKaluaKecap bilangan (basa Sunda)LatarBasa InggrisKawah Putih🡆 More