Keletik

Keletik nyaéta minyak nu dijieun tina olahan kalapa kolot.

Minyak kelentik mibanda ciri mandiri: Seungit, hérang, sarta mibanda rasa gurih.

Keletik
Minyak keletik

Caranyieun

Kawilang gampang, kalapa kolot beunang mesék sarta dicoplokeun tina batokna tuluy diparud sangkan gampang meureut cipatina. Tuluy baé cipati téh ditaheur nepika ngagolak, bari tuluy digolakeun lila kalilaan éta cipati téh bakal robah kelir sarta ngagéblég ngawangun bubur minyak.

Umpama geus kuled tuluy ditaheun/tunda sangkan tiis heula, engkéna bubur minyak téh dipeureut misahkeun minyakna tina hampas. Minyak nu dihasilkeun beunang meureut tadi ngarana minyak keletik, sedengkeun hampasna disebut galéndo.

Minyak keletik dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa kagunaan, kayaning ngagoréng, minyak buuk sangkan subur, minyak urut, bahan nyieun kueh, jeung sajabana.

Ganti ku kalapa sawit

Digédéngkeun jeung minyak nabati tina bahan séjén, minyak keletik mibanda asam lemak jenuh pang lobana bisa nepika 92%. Ku ieu kaayaan ti saprak taun 1980 ka dieu, minyak kalapa téh mimiti tiganti ku minyak kalapa sawit nepi ka kiwari.

Antukna ngabalukarkeun karugian ékonomi pikeun para patani kalapa, ku lantaran hasil olahanna henteu payu kawas baheula.

Dicutat tina

Tags:

KalapaMinyak

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

OncomArkéologi59SeniDadah Cholidah968Al Mulk53.mtSaudi ArabiaBandung TVKastrol1993Rarangkén ting-SurabiRarangkén sang-DaunJepang2001Ontohod1914Basa programKudaMohammad HattaMonyét2013JSawérAluvial1757ArcaBala-balaPanamaAzerbaijanRidwan Kamil8G-spotPerpustakaanGadaSuukAr-Ra'dPAbad ka-14Situs Gunung PadangXPerang BubatBeutiKecap kantétan (basa Sunda)TaneuhDéwi SartikaKecap rajékan (basa Sunda)Rakun19182011ComroGotong royongKlausa (basa Sunda)1943MaséhiParahuluHéndarsoPenca SilatMonarki konstitusionalPythagoras.mqJoe BidenAksara10BeusiDénmark21 Méi1900.mkPicasa🡆 More