Klorokuin

Klorokuin nyaéta turunan tina aminoqulnoloe nu munggaran dimekarkeun dina taun 1940-an salaku ubar nu dipaké pikeun nyingkahan sarta ngubaran panyakit malaria nu disababkeun ku P.vivak, P.malaria, P.oyale, jeung P.

falcifarum nu sénsitip (P. falcifarum nu teu résisten kana klorokuin).

Klorokuin
Klorokuin
Klorokuin
Data klinis
Pelafalan/ˈklɔːrəkwn/
Nama dagangAralen, other
SinonimChloroquine phosphate
AHFS/Drugs.comCitakan:Drugs.com
License data
Kode ATC
Legal status
Legal status
  • UK: P (Pharmacy medicines)
  • US: ℞-only
Pharmacokinetic data
MétabolismeuLiver
Eliminasi waktu-paruh1-2 bulan
Identifiers
Nomor CAS
PubChem CID
IUPHAR/BPS
DrugBank
ChemSpider
UNII
KEGG
ChEBI
ChEMBL
NIAID ChemDB
ECHA InfoCard100.000.175 Edit this at Wikidata
Chemical and physical data
RumusC18H26ClN3
Massa molar319.872 g·mol−1
3D model (JSmol)
  (verify)

Kagunaan

Klorokuin nu miboga ngaran kimia C18H26ClN3 dipaké pikeun ngubarann panyakit nular nu disababkeun ku parasit salian ti éta, ubar ieu ogé bisa dipaké pikeun ngungkulan amebiasis, rheumatoid arthritis, pangobatan jeung profilaksis virus Zika. sarta lupus. Kiwari ogé klorokuin keur ngalumangsungkeun uju klinis pikeun ngungkulan panyakit nu kiwari jadi pandémi nyaéta panyakit COVID-19. Klorokuin kabukti bisa ngahambat énzim parasit heme polimerase nu ngarobah heme nu ngandung racun jadi hemazoin nu teu ngandung racun, nu tuluy nyababkeun akumulasi heme ngandung racun dina jero parasit.

Cara gawé

Klorokuin kaasup kana kelas anggota kelas 4 amoniquinoline, gawé kucara ngahambat tumuwuhna parasit plasmodium dina sél getih beureum , sarta gancang pikeun nurunkeun panas awak jeung ngeureunkeun panas (dina 24 nepi ka 48 jam) sarta ngabersihan parasitemia (48 neppi ka 72 jam) nu disababkeun ku parasit nu sénsitip.

Ngaran lian

Ieu di handap sababaraha ngaran lian tina Klorokuin:

  • Chloraquine
  • Chlorochin
  • Chloroquina
  • Chloroquine
  • Chloroquinium
  • Chloroquinum
  • Cloroquina

Hal nu kudu diperhatikeun

Klorokuin nyaéta ubar nu bisa interaksi jeung sababaraha kaayaan kaséhatan. Jéntrékeun ka dokter mun anjeun miboga masalah kaséhatan lian, utamana:

  • Alérgi kana senyawa 4-aminoquinoline, contona hydroxychloroquine
  • gangguan titinggalian atawa panyakit panon (parobahan visual dina rétina) kusabab senyawa 4-aminoquinoline
  • panyakit nu patali jeung getih sarta tulang sumsum
  • gangguan dédéngéan
  • otot leuleus, psoriasis, porphyria, gangguan sistem saraf pusat, jeung myasthenia gravis
  • masalah saluran pencernaan atawa masalah dina beuteung
  • épilépsi, kejang, panyakit jantung, panyakit ginjal, sarta teu saimbangna éléktrolit
  • defisiensi glucose-6-phosphate dehydrogenase (G6PD)
  • Jéntrékeun ka dokter mun keur nyusuan budak, kakandungan atawa ngabogaan rencana hamil
  • jéntrékeun mun karék ngalakonan vaksinasi kayaning vaksinansi rabiés, tifus, koléra, salian ti éta saacan ngalakukeun tindakan medis séjén kudu dijéntrékeun mun urang keur ngonsumsi klorokuin
  • Miboga kacanduan alkohol
  • Keur ngonsumsi ubar séjén kayaning ubar herbal jeung suplemén
  • Lakukeun pamariksan kadar gula darah sacara berkala, salila pamakéan ubar ieu kusabab klorokuin bisa nyababkeun turunna kadar gula dina getih

Interaksi Klorokuin

Mun diinum jeung sababaraha jinis ubar nu tangtu, klorokuin dapatbisa nyababkeun sababaraha interaksi, kayaning:

  • Ningkatna résiko katarajang ku dermatitis, mun dipaké jeung fenilbutazone
  • Turunna éféktivitas klorokuin, mun dipaké jeung cimetidine atawa antasida
  • Ningkatna résiko katarajang aritmia ventrikel, mun dipaké jeung amiodarone atawa halofantrine
  • Ningkatna résiko katarajanng sindrom Stevens-Johnson, mun dipaké jeung pirimetamin atawa sulfadoxine
  • Turunna éféktivitas neostigmine, pyridostigmine, atawa ampicillin
  • Ningkatna résiko katarajang kejang, mun dipaké jeung mefloquine
  • Ningkatna résiko éfék samping klorokuin, mun dipaké jeung quinacrine
  • Ningkatkeun résiko naékna ratug jantung mun nginuum klorokuin jeung ieu ubar: amiodaron, arsenik trioksid,
  • Pamakéan aurothioglucose jeung klorokuin teu disarankeun kusabab bisa nyababkeun gangguan getih jeung éfék samping nu leuwih parna lianna.

Éfék samping

Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum klorokuin:

  • Panon: karusakan rétina nu reversibel, titinggalian teu jelas, hésé keur mokuskeun titinggalian, sarta titinggalian berkabut.
  • Sistem saraf: kejang, psikosis, nyeri sirah bisa nepi ka parna
  • Gastrointestinal: sebel, utah, diaré jeung abdominal.
  • Dermatologi: parobahan pigmén kulit, pruritus, rontokna buuk, erupsi kulit.

Tutumbu kaluar

Rujukan

Tags:

Klorokuin KagunaanKlorokuin Cara gawéKlorokuin Ngaran lianKlorokuin Hal nu kudu diperhatikeunKlorokuin Interaksi Klorokuin Éfék sampingKlorokuin Tutumbu kaluarKlorokuin RujukanKlorokuin1940Malaria

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Aksara Sunda BakuRaksukanKanadaJoe BidenSunan Bonang1922T198319301757Babasan jeung paribasaLépraKabupatén LebakHadi AKSÉkonomi1650Semenanjung Arab3712 OktoberAbad ka-1Momen (matematika)CahyaLiniRiyal Saudi ArabiaRéstorasi Méiji.ye12 MéiJepang1949Marilyn Monroe1914PortugalLionel MessiDjoeanda KartawidjajaMohammad Hatta4 SéptémberKritik sastra SundaJuniLisénsi Dokumén Bébas GNU17 PébruariAbad2004Sajak SundaJazzSi Bedog PanjangSamsoediSistem Geodesi DunyaKartini.adHungariaKecap kantétan (basa Sunda)ParasitAksaraBeusiKotaBasa SpanyolMaria Theresia13Atlas.cvCandi Borobudur1328Al-AnfalRarangkén sang-ArjunaWAddie MS1977ZirkoniumMahabarata🡆 More