Basa Spanyol mangrupa basa campuran Iberia – Roman sarta geus jadi basa nomer opat ku jumlah panyatur panglobana di dunya.
Basa ieu mangrupa basa rumpun Indo – Éropa jeung resmi dipaké ku asosiasi–asosiasi di dunya. Amérika nyatet yén basa Spanyol kurang leuwih miboga panyatur ± 10% – 20% di unggal nagara bagian Amérika Sarikat, sanajan basa ieu lain mangrupa basa resmi Amérika Sarikat. Kiwari aya ± 500 juta jiwa anu ngagunakeun basa Spanyol di sakuliah dunya. Universitas Vermont di Amérika Sarikat geus ngayakeun panalungtikan kana rébuan basa nu aya di sakuliah dunya, sarta hasilna yén basa Spanyol mangrupa basa nu pangbagjana di dunya.
Basa Spanyol miboga 26 foném nyaéta 21 hurup paéh jeung 5 hurup hirup.[rujukan?] Di sagigireun éta sistim tata basana ogé basajan. [rujukan?]
Huruf badag | Huruf leutik | IPA | Huruf badag | Huruf leutik | IPA |
---|---|---|---|---|---|
A | a | /a/ | Ñ | ñ | /ɲ/ |
B | b | /b/ | O | o | /o/ |
C | c | /k/ | P | p | /pe/ |
D | d | /d/ | Q | q | /k/ |
E | e | /e/ | R | r | /r/ |
F | f | /f/ | S | s | /s/ |
G | g | /ɡ/ | T | t | /t/ |
H | h | ??? | U | u | /u/ |
I | i | /i/ | V | v | /b/ |
J | j | /x/ | W | w | /ɡw/ |
K | k | /k/ | X | x | /ks/ |
L | l | /l/ | Y | y | /ʝ/ |
M | m | /m/ | Z | z | /θ/ |
N | n | /n/ |
Diakritik: Basa Spanyol miboga tambahan abjad (lentong tirus) nyaéta: á, é, í, ó, ú. [rujukan?]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Basa Spanyol, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.