Rétina

Rétina nyaéta salah sahiji bagian tina panon nu mangrupa salapis ipis dina bagian tukang bola panon vertebrata jeung cepalophoda.

Rétina mangrupa bagian panon nu ngarobah cahaya jadi sinyal saraf. Rétina boga sél fotoréséptor (rods jeung cones) anu narima cahaya. Sinyal anu dihasilkeun tuluy ngalaman prosés ngaliwatan neuron rétina nu séjén. Sanggeus kitu tuluy dirobah jadi poténsial aksi dina sél ganglion rétina. Rétina lain ukur néwak cahaya, tapi miboga peran penting dina prosés persépsi visual. Dina tahap émbrio, rétina jeung saraf optik mekar salaku bagian tina kamekaran otak.

Rétina
Nuduhkeun bagian rétina

Anatomi rétina

Rétina manusa miboga sapuluh lapis. Undak lapisan-lapisan nu tujul kana kornéa téh ieu.

  1. Rétinal pigmént épithélium (RPE)
  2. Lapisan fotoréseptor ségmén bagian jero jeung luar.(Rods/Cones)
  3. Mémbran limitans éksterna - Lapisan anu ngawatesanan bagian jero fotoréséptor tina inti sélna
  4. Lapisan luar inti sél fotoréséptor
  5. Lapisan luar pléxiformis - Dina bagian makular, nu dipikawanoh salaku "Lapisan serat Henle" (Fiber layer of Henle).
  6. Lapisan jero badan inti
  7. Lapisan jero pléxiformis
  8. Lapisan sél ganglion - Lapisan anu kawangun tina inti sél ganglion jeung mangrupa asal tina serat saraf optik.
  9. Lapisan serat saraf -ngandung akson - okson sél ganglion anu tujulna kana nérvus opticus.
  10. Membran limitans interna - tempat sél-sél Műller cicing.

Lamun hiji jalma ngalaman minus/plus, éta kalangkang kornéa panon> moal jauh tina rétina. Ku kituna, kalangkang difokuskeun ku panon katempona bakal ngalangkang/teu pati jelas.

Struktur fisik rétina manusa

Struktur rétina manusa nyaéta 72% kawas bal kalayan diaméter 22 mm. Dina bagian tengah rétina aya cakram optik anu kawentar salaku titik buta (blind spot), sabab euweuh fotoréséptor di éta bagian. Cakram optik katangén salaku aréa oval warna bodas nu ukuranana 3 mm².

Rujukan

Tags:

CahayaOtakSarafSinyalVertebrataÉmbrio

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Az ZalzalahAwi wulung1785Abad ka-19200VitaminRawaHardisk1893Babad BantenBuku7 DésémberTogoKalimah.ugLinguistikDaptar dékade56Gatot SoebrotoMaliKubaAbad ka-7 SMLentong2012 TC4Zirkoniumᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓDékadeSebaran probabilitas188515 MéiAbdul Halim SyatariSérén taunHéndarsoStatistikaWarta1328OncomNano SuratnoLaut MatiLancah maungFriedrich Nietzsche25Tapak liman30Ateji1930KrikétXinjiangWancahanJTepasJaiponganSalakDeungeun sanguAr-Ra'd40Kampung Naga1979SuungJuharaGuamMPancakakiDramaKaléciCalungAluvialKabupatén Teluk Bintuni1920Parahulu48Basa Betawi Parung🡆 More