Juhara (ᮏᮥᮠᮛ) atawa Vénus (ᮗᮦᮔᮥᮞ᮪) atawa Sukra (ᮞᮥᮊᮢ) nyaéta planét pangdeukeutna kadua ti panonpoé sanggeus Mérkurius.
Remen dilandi ku sebutan béntang timur (lamun subuh témbong di wétan), béntang barat (lamun magrib témbong di kulon), nelah ogé ku sebutan béntang kejora. Planét ieu ngabogaan radius 6.052 km sarta ngurilingan panonpoé dina waktu 225 poé. Atmosfir Vénus ngandung 97% karbondioksida (CO2) sarta 3% nitrogén, antukna ampir mustahil aya kahirupan.
Arah rotasi Vénus lalawanan jeung arah rotasi planét-planét séjén. Sajaba ti éta, jangka waktu rotasi Vénus leuwih lila batan jangka waktu révolusina dina ngurilingan panonpoé.
Kandungan atmosfirna anu pinuh ku CO2 ngabalukarkeun suhu kulitna pohara panas alatan éfék imah kaca. Atmosfir Vénus kandel sarta sok disimbutan ku awan. Ahli astrobiologi norah yén dina lapisan awan Vénus termobakteri nu tangtu masih bisa ngalangsungkeun kahirupan.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Juhara, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.